Minggu, 01 Oktober 2017

SURAT TI EMA

Panggeuing keur hate anu tibra sare tawis kasono ka Ema anu tos dipundut ku Nu Gaduhna.   

Anaking, anak Ema 
Kiwari Ema geus nepi ka lembur anu sabenerna, lembur nu beda jeung lembur urang baheula. 

 Anaking, 
Anak incu mun isuk-pageto hidep sono hayang papanggih jeung Ema, tuluy hidep baralik ka lembur jiga baheula, omat tong angkaribung barang bawa sabab Ema geus lain Ema anu baheula ! 

 Anaking, kamelang Ema! 
Mun hidep nyaah ka Ema, teu kudu bingung mulang tarima, tapi cukup bejaan Ema : yen hidep geus jadi jalma soleh, geus jadi hamba Alloh ahli ibadah bari salawasna terus ngadu’a sangkan aya dina ridlo Anjeuna 

Anaking,.. 
Mun hidep nyaah ka Ema, cukup bejaan Ema : yen hidep nyaah ka Ema, akur jeung dulur, runtut-raut sauyunan silih hargaan silih elingan, silih tulung silih bantu gogonjakan jiga baheula! 

Anaking,.. 
Pang bejakeun ka anak incu hidep, yen Ema nyaah ka hidep! nyaah ku lucu na, nyaah ku bela na, nyaah ku sumanget na! 

Bejakeun ka kulawarga hidep. Ema geus nepi ka nu dituju, Ema rek satia nungguan, di dieu, di hareupeun panto surga! 

 Anaking, anak-incu, 
Wayahna, baca ieu surat saeutik deui ! 

Ema hayang mere beja nyambung beja anu baheula nu manfaat di dieu, di alam baka; geuning lain harta, lain tahta, lain pangkat, lain jabatan, tapi wungkul amal soleh waktu di dunya nu dibungkus iman jeung katakwaan! 

Ayeuna ku Ema geus karasa, geus karasa! 
karasa endahna sholat jeung puasa.
karasa endahna zakat, karasa endahna mikanyaah fakir-miskin, karasa endahna akur jeung dulur, bari heman ka tatangga! 

 Anaking, anak-incu, 
Mun hirup hidep kadungsang-dungsang, mun hidep loba ma’siat tibatan tobat, loba takabur batan tafakur. 
Loba sasar batan istigfar, loba salah batan ibadah, omat Ibu tong dibejaan, sabab teu sanggup ngadengekeunana! 

 Anaking, hampura, Ema

Tidak ada komentar:

Posting Komentar