Sabtu, 13 April 2019

Pribahasa atau Istilah dalam Bahasa Sunda

Katuliskeun jurig
Asalna heureuy jadi enyaan.

Katurug katutuh
Sedang celaka bertambah lagi kemalangannya.

Kokoro nyenang
Menempatkan barang tidak pada tempatnya.

Kudu boga pikir kadua leutik
Kudu boga pikir rangkepan.

Kuru cileuh kentel peujit
Mengurangi tidur dan makan.

Asa aing uyah kidul
Merasa paling gagah, pintar, tampan, dan sebagainya.

Akal koja

  • Akalnya pintar dalam kejahatan.


Asa potong pingges leungeun katuhu: kaunduran batur nu hade gawe.

Buburuh nyatu diupah emas: Belajar tetapi sambil diberi upah padahal gunanya untuk dirinya sendiri.

Buntut kasiran: pelit

Cara hurang tai ka hulu-hulu.
Bodo pisan, sangat bodoh.

Dihurun-suluhkeun / Dikompet-daunkeun:
Yang jelek (salah) seorang, tetapi semuanya kena/ dianggap salah semua.

Luncat mulang:
Tidak jelas.

Lungguh tutut:
Seperti pendiam padahal liar.

Malapah gedang:
Ngomong basa basi dulu kesana kemari, tidak langsung ke topik utama.

Maliding sanak:
Pilih kasih.

Manis lambe:
Janji sanggup apa saja, tetapi cuma di mulut.

Menta buntut:
Minta lagi.

Meungpeun carang:
Dia yang nyuri tetapi pura-pura ikut mencari, atau tahu tapi pura-pura

Balungbang timur, caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan :
Ikhlas, sangat suka.

Bisa lolondokan:
Bisa mengikuti atau menempatkan diri dengan kebiasaan orang lain supaya akrab.

Biwir nyiru rombengeun:
Cerewet, semua rahasia diceritakan.

Bobot pangayon timbang taraju:
Hukuman yang adil (pengadilan).

Hade gogog, hade tagoh:
Halus bahasanya dan baik sikapnya.

Hampang birit:
daekan.

Heuras letah:
Hatinya keras, omongannya kasar.

Heurin ku letah:
Yang perlu diomongkan susah untuk diucapkan.

Hirup dinunuh paeh dirampes:
Pasrah menerima -

Ieu aing:
merasa diri paling pintar, gagah, dan sebagainya.

Elmu Tumbila:
Pribumi merugikan tamu.

Elmu sapi:
Samiuk kana kagorengan,

Ginding kekempis
Berpenampilan keren seperti orang kaya padahal isi sakunya kosong.

Gurat cai:
Menyalahi janji.

Indit sirib:
Berangkat semuanya, anak, cucu dan kerabat.

Jabung tumalapung, sabda tumapalang:
Orang yang tidak tahu urusan tapi motong omongan orang lain.

Jauh ka bedug, carang ka dayeuh:
Orang dusun tidak tahu adat/sopan santun.

Jelema pasagi:
Orang yang tidak ada kekurangan.

Kakeureut ku sieup, katindih ku kari-kari:
Pantes keuna ku panyangka

Kalapa bijil ti cungap:
Rahasianya terbuka dengan sendirinya.

Murag bulu bitis:
Tidak betah diam di rumah, lebih suka bepergian.

Mobok manggih gorowong:
Mencari akal berbuat baik kemudian ada yang membantu
sunda

Noong ka kolong:
Kecil hati, pikirannya pendek.

Nunggul pinang:
Sudah tidak punya siapa-siapa lagi.

Nyiar batuk pibaraheun:
Mencari penyakit, mencari keributan.

Pait daging, pahang tulang:
Tidak ada kesusahan.

Panjang leungeun:
Suka mencuri.

Pindah cai pindah tampian:
Pindah tempat pindah adat, menyesuaikan dengan adat dan kebiasaan di tempat baru.

Peureum kadeuleu, beunta karasa: Selalu ingat.

Naheun bubu pahareup-hareup: Pahutang-hutang.

Ngabejaan bulu tuur:
Memberitahu kepada yang yang sudah tahu.

Ngalebur tapak:
Menghilangkan atau menunta perbuatan jelek, supaya jadi berbuat baik.

Ngalegokan tapak (ngajeroan tapak):
Menambah kesalahan/dosa.

Ngarawu ku siku:
Keinginannya banyak, akhirnya tidak dapat apapun.

Ngodok liang buntu:
Usaha tidak ada hasilnya.

Ati mungkir beungeut nyanghareup:
Pura-pura. Dihadapan orang bersikap baik, tetapi di belakang sebaliknya.

Ati putih badan bodas:
Tomada nuduhkeun teu aya pikir goreng, memasrahkan diri dari menerima kesalahan.

Aya bagja teu daulat:
Mau dapat untung tetapi tidak jadi.

Aya jalan komo meuntas:
Mau berbuat sesuatu, kebetulan dapat jalannya.

Balung kulit kotok meuting:
Sakit hati yang dulu tidak hilang.

Batok bulu eusi madu:
Luarnya jelek, dalamnya bagus. Seperti orang bodoh padahal pintar.

Buluan belut, jangjangan oray:
Sesuatu yang tidak mungkin terjadi.

Caina herang, laukna beunang:
Hasil maksud.

Cara cai dina daun balong:
Dinasehati tidak pernah ada bekasnya, tidak dituruti.

Cara kuda leupas ti gedogan: Ngabencah sakama-kama.

Pucuk awian:
Tidak pernah jelas janjinya.

Rambat kamale:
Boga perkara ayang-ayangan.

Tinggar kalongeun:
Gara-gara terlalu sering dimarahin, akhirnya tidak ada pengaruhnya lagi.

Tuang jinis:
Orang yang suka tertawa karena ceritanya/humornya sendiri, tetapi orang lain tidak ada yang tertawa.

Di tiung geus hujan:
Bersikap hati-hati setelah celaka.

Dogong-dogong tulak cau, geus gede dipelak batur:
Ungkapan untuk orang yang menandai perempuan sejak kecil, dengan memberi apa saja supaya nanti bisa dinikahi. Tetapi ketika dewasa malah dinikahi oleh orang lain.

Genteng kadek legok tapak (atau Legok tapak genteng kadek):
Banyak pengetahuannya atau pengalamannya

Hambur bacot murah congcot:
Goreng carek tapi berehan.

Ulah tiis-tiis jahe:
Jangan terlena, harus hati-hati.

Unggah balewatangan:
Kena perkara.

Watang sinambungan:
Yang punya perkara orang lain, tetapi yang cekcok kita sendiri.

Adam lali tapel:
Tidak ingat kepada saudara, lupa kepada tanah air.

Adean ku kuda beureum:
Sombong dengan milik orang lain, bisa juga berpenampilan gaya dengan hasil minjam.

Alak-alak cumampaka:
Orang bodoh merasa sama dengan orang pintar.

Anjing ngagogogan kalong:
Ingin kepada yang tidak layak, atau mengangankan yang tidak mungkin terjadi.

Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed :
Orang tua yang berperilaku seperti anak muda.

Daek macok embung dipacok:
Daek menta embung dipenta, daek dibere embung mere, mau diberi tidak mau memberi.

Dagang oncom rancatan emas: Hasilnya sedikit tapi modalnya besar.

Dipiamis buah gintung:
Memiliki rasa disayang oleh orang tua, sahabat, atau atasan.

Kawas anjing kadempet lincar:
Orang kecil dianiaya oleh majikan, tetapi tidak bisa melawan.

Kawas anjing tutung buntut:
Tidak betah di rumah karena bawaan senang atau susah.

Kawas terong beulah dua:
Sama dengan orangtuanya.

Kejo asak, angeun datang:
Kabeneran keuna kana maksudna, henteu ngalilakeun deui.

Kajeun kendor, dapon (asal) ngagembol:
Meski lambat yang penting sukses.

Keur meujeuhna buta tulang buta daging:
Keur meujeuhna bedas (kira-kira umur 18- 30 taun).

Kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran :
Orang yang ajimumpung, serakah dan tidak tahu batas.

Haripeut ku teuteureuyeun:
Cepat menerima, tidak dipikir secara matang.

Halodo sataun lantis ku hujan sapoe (sakali):
Kebaikan yang sangat banyak hilang gara-gara satu kali melakukan perbuatan jelek.

Herang-herang kari mata, Teuas-teuas kari bincurang:
Asalnya kaya menjadi miskin.

Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah aya beja :
Kudu bageur, kudu hade.

Hulu gundul dihihidan:
Yang untung bertambah untung.

Indung lembu bapa banteng: Keturunan gagah, keturunan bangsawan.

Inggis batan maut hinis:
Risi pisan.

Iwak nangtang sujen:
Wani nyorang kana kacilakaan.

Janget kinatelon:
Turunan hade atawa goreng ti indung ti bapa.

Jati kasilih ku junti:
Pribumi kalah oleh tamu, orang lama kalah oleh orang baru.

Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi sagolak (salebak) : Layeut

Kajeun panas tonggong, asal tiis beuteung:
Rajin bekerja asal dapat upah

Katempuhan buntut maung:
 Jadi pengganti kesusahan orang lain.

Kudu nyaho lautanana kudu nyaho tatambanganana :
Harus tahu apa kesukaannya, perilakunya, kebiasannya, dan sebagainya.

Landung kandungan laer aisan: Sabar dan penuh pertimbangan.

Lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan:
Ikut-ikutan bicara padahal tidak berhak bicara.

Mangkok emas eusi madu: Orang yang baik budi dan bahasanya.

Manuk hiber ku jangjangna: Manusia hidup dengan akalnya.

Marebutkeun balung tanpa eusi: Memperebutkan sesuatu yang tidak ada hasilnya.

Melengkung beukas nyalahan: Yang dikira-kira bagus ternyata hasilnya sebaliknya.

Mun teu ngarah moal ngarih:
Harus mau berusaha supaya berhasil.

Nangkeup mawa Eunyeuh:
Minta tolong, tetapi membawa sial kepada penolongnya.

Nepak cai malar ceret:
hasud ka batur/manehna hayang dipihade.

Kawas gula jeung peueut:
jadi hiji, tina hade pada hade/silih asih.

Ngadago uncal mapal:
Menunggu sesuatu yang belum tentu datang.

Ngagandong kejo susah nyatu:
Loba titaheun, hese nitah.

Saherang-herang beas:
Sebersih-bersihnya hati kepada musuh, tidak akan bersih sekali.

Sapi anut ka banteng:
Perempuan mengikuti laki-laki.

Seuneu hurung, cai caah:
Sedang bernafsu.

Uyah tara tees ka luhur:
Sifat orang tua turun ke anak.

Ngagedag bari mulungan:
Menanyakan sesuatu yang dia tidak tahu, tapi ketika bertanya dia pura-pura sudah tahu.

Ngagulkeun (agul ku) payung butut: Menyombongkan orang tua, leluhurnya sendiri.

Ngahurun balung ku tulung:
Sedang kesusahan.

Ngaliarkeun taleus ateul: ngomongkeun, atawa ngabeja-bejakeun omongan nu teu hade, anu matak cilaka atawa matak era.

Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam:
Sangat baik kepada orang lain, tetapi kerabat sendiri ditelantarkan.

Nyalindung ka gelung:
Lelaki melarat menikah kepada wanita kaya supaya bisa numpang hidup.

Nyiduh ka langit:
memberi nasehat kepada orang yang lebih tua.

Pacikrak ngalawan merak:
Rakyat kecil melawan bangsawan.

Mihape hayam ka heulang:
Menitipkan harta kepada pencuri.

Monyet kapalingan jagong:
Pencuri jadi korban pencurian, penipu ditipu.

Monyet dibere sesengked:
Orang jahat diberi jalan untuk memuluskan aksinya.

Monyet ngagugulung kalapa: Mempunyai sesuatu tetapi tidak tahu cara menggunakannya.

Mopo memeh nanggung:
Merasa tidak sanggup berbuat padahal belum dikerjakan, bisa juga kumeok memeh dipacok.

Moro julang ngaleupaskeun peusing:
Meninggalkan sesuatu yang sudah pasti, untuk mencari sesuatu yang belum pasti berhasil.

Panday tara boga bedog:
Tukang membuat suatu barang, dia sendiri tidak memiliki barang itu.

Pipilih nyiar nu leuwih, koceplak meunang nu pecak :
Berharap dapat yang paling bagus, dapatnya malah paling jelek.

Pupulur memeh mantun:
Minta upah sebelum kerja.

Rusuh luput, gancang pincang kajeun kendor dapon ngagembol:
Daripada cepat tapi sia-sia, lebih baik lambat tapi berhasil.

Sagalak-galaking macan, moal datang ka nyatu anak:
Meski jahat tidak akan membunuh anaknya sendiri.






Jumat, 12 April 2019

Istilah-Istilah Waktu dalam Bahasa Sunda

Istilah-Istilah Waktu dalam Bahasa Sunda

Carangcang tihang = antara jam 04.30 - 05.00

Rebun-rebun = antara jam 05.00 - 05.30

Meleték panon poé = antara jam 05.30 - 06.00

Haneut moyan = jam 08.00

Pecat sawed = antara jam 09.00 - 10.00

Rumangsang = antara jam 09.00 - 10.00

Manceran = jam 12.00

Lingsir ngulon = jam 13.00

Erang-erang = jam 17.00

Tunggang gunung = jam 17.30

Sariak layung = jam 18.00

Harieum beungeut = jam 18.30

Sareureuh budak = jam 20.00

Tengah peuting = ja 24.00

Janari gede = jam 02.00 - 03.00

Janari leutik = jam 04.00

Balebat = jam 04.00 - 04.30

Semoga bermanfaat.

Kamis, 06 September 2018

Kumpulan Babasan dan Pribahasa Sunda Bag 2

Jegjeg ceker
cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.

Jejer pasar
lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.

Jeung leweh mah mending waleh leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.

Jogjog neureuy buah loa
mikarep ka anu lain babad.

Jogjog neureuy buah loa
Milampah anu moal pihasileun.

Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran
Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.

Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria,
kakoncara ka mancanagara Kawentar pisan, kawentar kamana mana.

Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa,

katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.

Kahieuman bangkong Ku ayana barang titipan di urang,
urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.

Kai teu kalis ku angin
Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.

Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait
Tibatan ahirna matak susah,leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.

Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung 
Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.

Kalapa bijil ti cungap
Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.

Kandel kulit beungeut
euweuh kaera.

Katempuhan buntut maung
Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.

Katumbukan catur kadatangan carita
Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.

Kawas anjing kadempet lincar
Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.

Kawas budak rodek hulu
Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.

Kawas cucurut kaibunan
Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.

Kawas hayam keur endogan cilingcingcat bae, teu bisa cicing.

Kawas hayam panyambungan
Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.

Kawas kacang ninggang kajang
Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.

Kawas kuda leupas ti gedogan
Bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.

Kawas lauk asup kana bubu
Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.

Kawas lauk asup kana bubu
Gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).

Kawas nu mulangkeun panyirama
Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.

Kawas siraru jadi
Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.

Kawas wayang pangsisina
Ngeunaan jelema nu goreng rupana.

Kejo asak angeun datang
Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.

Keur meujeuhna bilatung dulang 
Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.

Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita
Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.

Keur nuju bentang surem
keur sue, atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae.

Kiceupna sabedug sakali
Pohara lungguhna.

Kiruh ti girang kiruh ka hilir
Lamun anu di luhurna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.

Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran
Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.

Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam 
Kacida miskin na.

Kotok bongkok kumorolong,
Kacingcalang kumarantang.

Kudu bisa kabulu kabale
Kudu bisa mawa awak.

Kudu bisa ngeureut neundeun
Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.

Kudu bisa pindah cai pindah tampian
Kudu bisa nyaluyukeun maneh jeung lingkungan anu anyar dicicingan.

Kudu boga pikir kadua leutik
Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.

Kudu hade gogod hade tagog
Hade basa jeung hade tingkah lacuna.

Kudu nepi memeh indit
Kudu direncanakan kalawan asak.

Kujang dua pangadekna
Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.

Kulak canggeum bagja awak
Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.

Kumaha bule hideungna bae
Kumaha engke bae buktina, kumaha behna.

Kumaha kejebur caina geletuk batuna
Kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.

Kunang kunang nerus bumi
Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.

Kuru cileuh kentel peujit
Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.

Kurung batok teu
resep nyanyabaan, ni’mat cicing diimah bae.

Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda
Arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.

Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra
Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lampah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.

Landung kandungan laer aisan
Gede timbanganana, gede pangampurana.

Langsung saur bahe carek
Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.

Lauk buruk milu mijah piritan milu endogan
Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.

Legok tapak genteng kadek
Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.

Leubeut buah hejo daun
Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.

Leuleus jeujeur liat tali
Pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.

Leunggeuh cau beuleum
Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.

Leutik burih
Euweuh kawani.

Leutik cahak, gede cohok
Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.

Leutik leutik ngagalatik
Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.

Leutik ringkang gede bugang
Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.

Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet
Hade gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.

Lieuk euweuh ragap taya
Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.

Loba teuing jaksa
Loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.

Lodong kosong ngelentrung
Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.

Luhur kuta gede dunya
Gagah tur beunghar taya kakurang.

Luncat mulang 
Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.

Lungguh tutut
Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.

Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung
Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.

Maliding sanak
Henteu adil, pilih kasih.

Mangpengkeun kuya ka leuwi
Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.

Mapay ka puhu leungeun
Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.

Marebutkeun paisan kosong
Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.

Maut nyere ka congona
Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.

Melengkung bekas inhalan
Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.

Mere langgir kalieun
Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.

Meuli teri meunang japuh nyair hurang meunang kancra
Kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.

Meungpeun carang ku ayakan
Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.

Meungpeung teugeu harianeun 
Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.

Miceun batok meunang coet
Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.

Mindingan beungeut ku saweuy ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.

Mipit teu amit ngala teu menta 
Maling boga batur.

Miyuni hayam kabiri
Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.

Moal ceurik menta eusi
Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.

Moal neangan jurig teu kadeuleu arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh.

Mobok manggih gorowong
Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun.

Mobok manggih gorowong
meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.

Monyet kapalingan jagong
Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.

Mopo memeh nanggung
Hoream, teu sanggup samemeh prak.

Mun teu ngakal moal ngakeul
mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.

Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan).

Ngadu angklung di pasar papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba.

Ngadu ngadu rajawisuna
Mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea, parerea omong.

Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul.
Mun teu ngarah moal ngarih Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.

Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan
Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.

Mupugkeun tai kanjut
Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.

Naheun bubu pahareup hareup dina pangabutuh silih injeuman duit.

Nangkeup mawa eunyeuh mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.

Nangtung kariung ngadeg karageman Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.

Nepak cai malar ceret
Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.

Nepakeun jurig pateuh
Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.

Nete porot ngeumbing lesot
Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.

Nete semplek nincak semplak
Kieu salah kitu salah.Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih.

Nete taraje, nincak hambalan
Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.

Neukteuk curuk dina pingping
Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.

Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun 
Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.

Neundeun piheuleut nunda picela
Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.

Ngabejaan bulu tuur
Ngabejaan jalma nu geus nyahoeun.

Ngabudi ucing
teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.

Ngadagoan kuah beukah
Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu).

Ngadagoan uncal mabal
Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.

Ngadaweung ngabangbang areuy
pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.

Ngadek sacekna, nilas saplasna
Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.

Ngadeupaan lincar ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan,
supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.

Ngagandong kejo susah nyatu
Loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.

Ngagedag bari mulungan
Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.

Ngaliarkeun taleus ateul
ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.

Ngaliarkeun taleus ateul
Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.

Ngarep ngarep bentang ragrag
Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.

Ngarep ngarep kalangkang heulang
Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.

Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun,
sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.

Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri
Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.

Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek
Lamun nyokot hiji hal kudu saidin anu boga.

Ngeupeul ngahuapan maneh
Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.

Nginjing sila, bengkok sembah
Goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.

Ngodok liang buntu
Hese cape taya gawe, susah payah taya guna sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan.

Ngodok liang jero
Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.

Ngukur ka kujur nimbang ka awak
Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.

Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak
Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.

Ngusap birit bari indit
kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.

Nimu luang tinu burang
Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.

Nincak parahu dua
Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.

Ninggang kana kekecrekna
Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.

Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan
Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.

Noong ka kolong
Leutik hate, leutik pangharepan.

Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.

Nu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.

Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan
Nu keur susah ditambah deui kasusahna.

Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan
Ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.

Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang
Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.

Nuju hirup ninggang wirahma
Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.

Nuturkeun indung suku
Leumpang sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan.

Nulungan anjing kadempet
nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.

Nya di hurang nya dikeuyeup
Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.

Nya ngagogog nya mantog
Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.

Nya picung nya hulu maung
Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.

Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah
nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.

Nyair hurang meunang kancra
Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.

Nyaliksik ka buuk leutik
Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.

Nyalindung ka gelung
Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.

Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang
Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.

Nyanghulu ka jarian
Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.

Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang
Nyarita kudu pas, eces, ngabogaan harti.

Nyeri beuheung sosonggeteun
Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.

Nyeungeut damar di suhunan
mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.

Nyeungseurikeun upih ragrag
Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.

Nyiar batuk piaraheun
Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.

Nyicikeun cai, murulukeun lebu turun cadu (cacaduan),
pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.

Nyieun catur taya dapur nganggit
hiji dongeng nu teu aya galurna.

Nyieun heuleur jeroeun huma
Henteu raket jeung dulur pahare-hare bae.

Nyieun pucuk ti girang
pangheulana neangan piaseaeun.

Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait
Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.

Nyiuk cai ku ayakan
Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.

Nyium bari ngegel
Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng . Salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.

Nyokot lesot ngeumbing porot
Teu aya usaha anu ngahasilkeun.

Nyolok mata buncelik nganyenyeri,
ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.

Nyuhun nanggung ngelek ngegel
Rebo pisan, babawaanana loba naker.

Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju
Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.

Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan
Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.

Omong harus batan goong
Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.

Owah gingsir
Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.

Paanteur-anteur julang
silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.

Pacikrak ngalawan merak
Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.

Pada rubak sisi samping
Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.

Pagirang girang tampian
Paunggul unggul dina neangan pangupa jira (Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan).

Paheuyeuk heuyeuk leungeun
Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.

Pait daging pahang tulang
Arang gering.

Pait daging pahang tulang
cageur teu keuna ku panyakit naon bae.

Pakotrek iteuk
Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.

Paluhur luhur diuk
pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.

Panday tara bogaeun bedog
Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.

Papadon los ka kolong
Cidra jangji, teu nedunan jangjina.

Peureum kadeuleu beunta karasa Inget bae, teu bisa poho.
Biasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.

Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir
mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.

Pindah cai pindah tampian
Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.

Pinter aling laing bodo
Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.

Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak
Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.

Piruruhan katengahimahkeun
Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.

Poek mongkleng buta rajin (atawa buta radin)
Poek pisan.

Pondok jodo panjang baraya
Saha oge jodoh urang silaturahmi kudu tetep dijaga.

Pupulur memeh mantun
Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.

Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging
Dina cidrana anu diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.

Puraga tamba kadengda
Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.

Raweuy beuweungeun rambay alaeun
Loba dahareun da loba pepelakan.

Rumbak caringin di buruan
Dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.

Rumbak kuntieun
Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.

Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum
Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.

Rusuh luput gancang pincang
Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.

Sabobot sapihanean
Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.

Sabuni buni anu ngising
Sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.

Sagalak galakna macan taru nyatu anakna
Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.

Sagolek pangkek sacangreud pageuh
Hanteu cidra kana jangji.

Saherang herangna cai beas
Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.

Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur
Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.

Sakecap kadua gobang
Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.

Sakiriciking duit sakocopoking bogo
Naon bae anu matak narik kana hate urang.

Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu
Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.

Samar polah samar rasa
Henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina hate bae, tacan bruk-brak

Sangsara di geusan betah
Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.

Sapu nyere pegat simpay
Paturay papisahan.

Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan
Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.

Satengah buah leunca
Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.

Satungtung deuleu
Ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan

Saumur nyunyuhun hulu
Saumur hirup rumingkang di bumi alam.

Saungkab peundeuy
Omongan anu pondok tur kurang manis.

Sengserang padung
Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.

Sentak badakeun teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.

Sereg di panto logor di liang jarum nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa,
loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.

Sereg dibuana logor diliang jarum
Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.

Seukeut ambeu seukeut deuleu
Loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).

Seukeut tambang manan gobang
Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.

Seuneu hurung cai caah
Keur ambek, keur amarah, keur napsu.

Seuneu hurung dipancaran
Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.

Seungit angin-anginan
Seungit pisan meleber ka mana-mana

Seuseut batan neureuy keueus
Hese pisan.

Sibanyo laleur
Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.

Silih jenggut jeung nu gundul
Menta tulung ka papada anu sarua butuhna atawa sarua papada henteu boga.

Sirung ngaliwatan tunggul
Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.

Sosoroh ngadon kojor
Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.

Tamiang meulit ka bitis
Malindes ka diri sorangan.

Tamplok batokeun
Berehan teuing nepi ka urang mah susah.

Taraje nangeuh dulang pinande
Saban tugas kudu dilaksanakeun kalawan alus sarta bener.

Taya tangan pangawasa
Jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga.

Taya halodo panyadapan
Taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan (Terus bae digelendeng atawa dicarekan).

Teng anak teng, anak merak kukuncungan
Sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.

Teu aya sarebuk samerang nyamu
Teu aya saeutik eutik acan.

Teu beunang dikoet kunu keked
Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.

Teu boga pikir rangkepan
Teu boga curiga saeutik eutik acan.

Teu busik bulu salambar teu regrog regrog,
Malah unggul dina juritna.

Teu cari ka Batawi tapi ka salaki
hakan pake hayang ti salaki.

Teu diambeuan teu dipikarisi,
Teu dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.

Teu didingding kelir teu dibuni buni,
Ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.

Teu dipiceun sasieur
Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.
Teu ditari teu ditakon
Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.

Teu gugur teu angina
Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.

Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah
Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek pulang paling.

Teu mais teu meuleum teu aya patalina pisan,
Teu pipilueun.

Teu ngalarung nu burung,
Teu nyesakeun nu edan ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae.

Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata
Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.

Teu nyaho di alip bingkeng
Bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.

Teu puguh alang ujurna
Teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.

Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang
Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.

Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan
Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.

Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal
Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.

Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban
Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.

Tiis ceuli herang mata
ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.

Tikoro andon peso
ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.

Tinggar kalongeun
Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.

Tipu keling ragaji
Inggris pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.

Titip diri sangsang badan
Mihapekeun maneh.

Titirah ngadon kanceuh sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.

Totopong heureut dibeber beber,
tangtu soeh nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.

Tugur tundang cuntang gantang
Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.

Tunggul dirarud catang dirumpak
Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.

Tunggul sirungan, catang supaan
Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.

Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.

Ulah beunghar memeh boga ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.

Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung
Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.

Ulah cara ka malati kudu cara ka picung
Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.

Ulah kabawa ku sakaba-kaba
ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.

Ulah keok memeh dipacok
Ulah sieun saacan ngalakonan.

Ulah leutik hate
Ulah sieun atawa putus pangharepan.

Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang,omat ulah lali tina purwadaksina
Kudu nuturkeun etika anu aya.

Ulah muragkeun duwegan ti luhur masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.

Ulah ngaliarkeun taleus ateul
Ulah nyeubarkeun fitnah.

Ulah ngukur baju sasereg awak
Ulah menyimpulkan nurutkeun diri sorangan

Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian
Ulah rebutan kakawasaan

Ulah pangkat memeh jeneng
Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.

Ulah tiis tiis jahe kudu iatna,
kudu cingceung.

Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan
Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.

Uncal tara ridu ku tanduk
Duduluran karumpul kabeh.

Ulah nyaliksik ku buuk leutik
Ulah nyangsarakeun rakyat leutik.

Uyah tara tees kaluhur
Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.

Waspada permana tingal
Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.

Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang
wiwirang nau pohara gedena.



Kumpulan Babasan dan Pribahasa Sunda Bag 1

Adab lanyap
Jiga nu handap asor, daek ngahormat ka batur, boga hate luhur, tapi tungtungna sok ngarunghak jeung kurang ajar, anu tungtungna batur loba nu teu resepeun

Adam lali tapel
Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.

Adat kakurung ku iga
Adat nu hese digantina.

Adean ku kuda beureum
Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.

Adigung adiguna
Gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.

Agul ku payung butut ,
Luluhur sorangan.

Akal koja
pinter dina kagorengan atawa kajahatan.

Aki aki tujuh mulud
Lalaki nu geus kolot pisan.

Aku aku angga
Ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibandangaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.

Aku panggung
darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.

Alak-alak cumampaka
Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.

Alak paul
Tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.

Alus panggung
Alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna.

Ambek nyedek tanaga midek
Ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri

napsu kapegung.
Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.

Anak puputon
Anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.

Anjing ngagogogan kalong
mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).

Ari diarah supana,
Kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.

Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed
Ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.

Asa dijual payu ngungun
Dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.

Asa ditonjok congcot
Meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.

Asa ditumbu umur
Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.

Asa nanggeuy endog beubeureumna
Kacida nyaahna.

Asa potong leungeun katuhu
Leungiteun jalma nu pohara hade gawena.

Ati mungkir beungeut nyinghareup
Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.

Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon,
ngeunaan tanah.
Aya astana sajeungkal
Anu mustahil oge bisa kajadian.

Aya bagja teu daulat
arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.

Aya di sihung maung
Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.

Aya hate kadua leutik naksir.

Aya jalan komo meuntas
Aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.

Aya peurah aya komara aya harega, aya pangaji.
Aya nu dianjing cai Aya nu diarep-arep atawa digeroan.

Ayakan tara meunang kancra
nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.

Baleg tampele
ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.

Bali geusan ngajadi
tempat dilahirkeun.

Balung kulit kotok
meuting teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.

Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan
Beak karep ku rido jeung beresih hate.

Banda tatalang raga
Lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.

Belang bayah gindi pikir
Boga pikiran goreng ka papada kawula.

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.

Beurat birit
hese jeung sungkan dititah.

Beurat nyuhun
beurat nanggung, beurat
narimakeunana pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.

Beureum paneureuy seuseut batan neureuy keueus
hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.

Beuteung anjingeun
ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
Bilih aya turus bengkung Bisi salah pokpokanana.

Biwir nyiru rombengeun
resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.

Biwir nyiru rombengeun
Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.

Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah henteu milu milu kana tanggung jawabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.

Bluk nyuuh blak nangkarak Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.

Bobo sapanon carang sapakan aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.

Bobor karahayuan henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.

Bobot pangayun timbang taraju kabeh anu dipigawe kudu pinuh tinimbangan.
Bonteng ngalawan kadu nu leutik ngalawan nu gede.

Buburuh nyatu diupah beas nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.

Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah
Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.

Buluan belut, jangjangan oray
Pamohalan kajadian.

Bungbulang tunda / tunda talatah
Lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.

Buntut kasiran
Koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.

Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang ginding,
Loba pakean anu aralus dipake.

Buruk buruk papan jati
Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.

Caang bulan dadamaran
migawe nu kurang mangpaat.

Cacag nangkaeun Hanteu beres, hanteu rata, henteu sampurna.

Cangkir emas eusi delan
omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.

Cara bueuk meunang mabuk
ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.

Cara gaang katincak
anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.

Cara jogjog mondok
carekcok bae, mani gandeng nacer.

Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung
Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.

Cecendet mande kiara
Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.

Ceuli lentaheun
Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.

Cicing dina sihung maung
Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.

Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok
Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa).

Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung
Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.

Ciri sabumi cara sadesa beda tempatna,
beda deui adat jeung kabiasaanana.

Clik putih clak herang
Kaluar tian hate anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.

Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna
Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.

Daek macok embung dipacok daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.

Dagang oncom rancatan emas ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.

Dah bawang dah kapas
Tah barangna tah duitna.

Daluang katinggang mangsi
Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).

Desa maca cara nagara mawa tata
Ngagambarkeun yen kaayaan jeung adat kabiasaan di desa jeung kota (nagara) teh beda-beda.

Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.

Deukeut deukeut anak taleus
ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.

Dihin pinasti, anyar pinanggih baheula ditangtukeunana,
ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.

Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban
Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.

Dipiamis buah gintung
Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.

Disakompet daunkeun, dihurun suluh dihijikeun bae,
disaruakeun bae, teu dibeda beda.

Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi
Dialak ilik lantaran dianggap aneh.

Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup
lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.

Dogdog pangrewong
Bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.

Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.

Dosa salaput hulu kacida loba dosana.
Dulang tinande awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salami.

Duum tinggi ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.

Elmu ajug
pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.

Elmu sapi
samiuk (ngahiji) kana kagorengan.

Elmu tumbila
nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.

Elok bangkong
Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.

Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh
Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.

Endog tara megar kabeh
najan saindung sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.

Galehgeh gado darehdeh tapi henteu terus kana hate.

Gancang pincang
kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.

Gantung denge
hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.

Gantung teureuyeun
Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.

Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig
Ngeunaan ka jelema anu jangkung harelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.

Gede gunung pananggeuhan
Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.

Gede gunung pananggeuhan
Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.

Getas harupateun, pingges harepan
Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.

Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma
Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.Gindi pikir belang bayah Goreng hate, dolim, julig, dengki.

Ginding kakampis
Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.

Giri lungsi tanpa hina
Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.

Goong saba karia
Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.

Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi
Euweuh anggeusna, euweuh beakna.

Gurat batu
Pageuh kana jangji.

Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna
Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.

Hade gogog hade tagog
Hade basa jeung hade tingkah lacuna.

Hade ku omong goreng ku omong
Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.

Haloho sataun lantis ku hujan sapoe
Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.

Hambur bacot murah congcot
Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.

Hampang birit
Gampang jeung daekan dititah.

Hanteu gedag bulu salambar
Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.

Hapa hapa ge ranggeuyan
Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.

Hapa hapa ge ranggeuyan
Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.

Harewos bojong
Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.

Haripeut ku teuteureuyeun
Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.

Harus omong batan goong
Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.

Hayang untung jadi buntung
Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.

Hejo tihang
Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.

Herang caina beunang laukna
Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.

Herang caina beunang laukna
Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.

Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang
Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.

Heueuh heueuh bueuk
Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.

Heureut deuleu pondok lengkah
Ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu rea babandingan da kurung batok.

Heurin ku letah
Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan.

Hirup ku panyukup gede ku pamere
Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.

Hirup nuhun paeh dirampes
Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.

Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja
Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.

Hulu dugul dihihidan
Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.

Hunyur nandean gunung
Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.tos

Hurung nangtung siang leumpang
Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.

Ieu aing uyah kidul
Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.

Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun.
Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan).

Indung lembu bapa banteng
Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.

Inggis batan maut hinis
Pohara risina, pohara paurna.

Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang
Inggis jeung paur kabina bina.

Ipis kulit beungeut
Gede kaera.

Iwak nangtang sujen
Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.

Jabung tumalapung sabda tumapalang
Milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.

Jadi maung malang jadi panghalang,
ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.

Jadi sabiwir hiji
jadi carita jalma loba.

Jadi senen kalemekan
mindeng dicaritakeun batur.

Jaman cacing dua saduit
jaman baheula pisan.

Jati kasilih ku junti 
pribumi kaelehkeun ku urang asing.

Jauh jauh panjang gagang 
hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.

Jauh ka bedug anggang ka dayeuh
Dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.

Jauh ka bedug dusun, 
bodo, euweuh kanyaho.

Selasa, 04 September 2018

PANCAKAKI

PANCAKAKI
Pancakaki téh nyaéta perenahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh.

a. Rundayan atawa Turunan

Anak turunan kahiji.

Incu turunan kadua, anakna anak.

Buyut  anak incu.

Bao anakna buyut.

Janggawaréng atawa canggahwaréng  anakna bao.

Kait siwur anak  janggawareng.

b. Ka luhur
Vh
Bapa lalaki nu boga anak, salaki indung.

Indung awéwé nu boga anak, pamajikan bapa.

Aki bapana indung atawa bapa.

Nini  indungna indung atawa bapa.

Buyut indung/bapana aki atawa nini.

Bao indung/bapana buyut.

Janggawaréng indung/bapana bao.

Kaitsiwur indung/bapana janggawaréng.

c. Ka gigir

Adi dulur sahandapeun

Lanceuk dulur saluhureun.

Emang/paman adina bapa atawa indung (lalaki),

Bibi awéwé adina bapa atawa indung.

Ua  lanceuk bapa atawa indung.

Alo anak lanceuk.

Toa anak adi.

Kapiadi anakna emang/bibi.

Kapilanceuk anakna ua.

Incu ti gigir incuna adi

Aki ti gigir lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini.

Nini ti gigir awéwé, adina atawa lanceukna aki/nini.

Ua ti gigir anakna lanceuk aki/nini.

Emang ti gigir anakna adi aki/nini (lalaki)

Bibi ti gigir awéwé, anakna adi aki/nini.

d. Istilah Séjénna

Adi beuteung adina pamajikan/salaki.
Dulur sabrayna dulur misan, anak paman, bibi, atawa ua.

Dulur teges  dulur enya, saindung, sabapa.

Indung téré pamajikan bapa, lain anu ngalahirkeun urang.

Bapa téré salaki indung, lain anu ngalantarankeun urang lahir.

Anak téré anak sampakan ti salaki atawa pamajikan.

Dulur patétéréan anak indung atawa anak bapa téré.

Cikal anak panggedéna.

Pangais bungsu lanceukna bungsu.
Bungsu anak pangleutikna.

Baraya laér baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna.
Teu hir teu walahir teu baraya saeutik-eutik acan.

Bau sinduk baraya kénéh, sanajan geus laér.

Dulur pet ku hinis dulur teges.

Baraya sakur nu aya pancakakina.

Karuhun luluhur, jalma-jalma anu kungsi aya lila heulaeun urang, nu ngarundaykeun urang.


Senin, 09 Juli 2018

Ngaran Rupa-Rupa Kasakit Dina Awak

Babareuhan nyaeta kasakit (busung lapar), barareuh meh saluar awak; kasakit bareuh di hiji tempat dina awak (semu muncunghul kawas bisul, ngan taya mataan)

Balas bogo nyaeta kasakit kulit sabangsa hapur, warnana bodas, semu karadak

Borok nyaeta kasakit kulit mangrupa koreng

Botoleun nyaeta kasakit dina dampal suku anu liangan

Budug nyaeta kasakit kulit, barudus atawa carenang, biasana arateul lantaran kuman

Bungkul nyaeta sabangsa bisul ngan leuwih teuas

Cacar nyaeta kuris, kasakit kulit nu babari tepa, carenang dina sakujur awak

Cacingeun nyaeta kasakit (budak) dina beuteung lantaran cacing.

Cenang nyaeta sarupa bisul ngan leutik, aya nanahan, biasana lantaran ateul nu digaro, tuluy infeksi

Conge nyaeta kasakit dina jero ceuli (budak), kaluar nanah.

Daging jadi nyaeta daging anu jadi teu samistina tur ngalantarankeun ayana kasakit, daging jadi biasana dina tikoro, leungeun, jsb

Ewateun nyaeta kasakit kulit, warnana semu beureum ngagebleg (meh siga kulit ganas). karasana ateul, renyem; ganaseun sok aya oge nu nyebut "sekat".


 Gelo nyaeta Burung, teu waras igetan.

Geregesen nyaeta Kasakit nyeuri kiih, aya nu dilantarankeun ku ayana batu di jero rarangan aya oge nu heunteu.

Gondok nyaeta Kasakit dina beuheung, siga bareuh nepi ka ngagondoy (melendung), tumerapna sok nahun.

Gondongeun nyaeta Kasakit bareuh dina beuheung bagian luhur, tumerepna heunteu lila; sok disebut oge “kasakit anjing”.

Hapur nyaeta Kasakit kulit totol-totol barodas, karasana ateul mun kakesangan, babari tepa.

Hapur beusi nyaeta Hapur nu leuwih kandeul, hese leungitna.

Hapur kembang nyaeta Hapur nu bodas katempona, bisa diubaran ku daun laja, jsb., leuwih ipis tibatan hapur beusi.

Hileudeun nyaeta Kasakit lantaran infeksi dina ramo jeroeun kuku, ngandung nanah tur nyanyautan karasana.

Jengkoleun nyaeta Kasakit nyeuri kiih ku dilantarankeun ku racun nu aya dina buah jengkol; jengkoleun biasana tumerap lamun ngadahar jengkol rorosaan.

Jangar nyaeta Rieut, nyeuri sirah, jejeletetan.

Kesrek nyaeta Kasakit kulit saperti eksim garing.

Kokoloteun nyaeta Kasakit kulit dina beungeut (semu harideung) lantaran mindeng kapanasan atawa ku sabab sok make wedak murah; kokoloteun biasana tumerap ka awewe.

Kolera nyaeta Kasakit nyeuri beuteung nu babari nular, bisa mateni; cirina utah-utahan jeung ngayer terus.

Kotokeun nyaeta Kasakit panon, kurang awas nenjo/ningali, Siga hayam teu awas upama geus peuting.

Kuhkul nyaeta Ewateun, kasakit kulit dina beungeut.

Kuris nyaeta Kasakit cacar.

Kutil nyaeta Kasakit sabangsa ewateun ngan leuwih gede tur leuwih teuas, mun diantep sok ngalobaan saperti nu anakan.

Leuncangeun nyaeta Kasakit dina sela-sela ramo suku, marentis atwa bareulah, dilantarankeun ku kuman cai, karasana ateul.

Lilinieun nyaetaLeungeun jeung sirah ngadegdeg dilantarankeun ku kakolotan (aki-aki/nini-nini).

Lumpuh nyaeta Awak leuleus teu bisa lempang atawa paeh sabeulah lantaran gangguan urat sarap.

Mata iwakeun nyaeta Sarupa kutil, biasana dina ramo leungeun atawa ramo suku, tumerepna tara lila tur tara ngalobaan kawas kutil.

Mejen nyaeta Hese miceun (ngising), kabeubeung, disentri.

Menter nyaeta Kasakit di dero beuteung nu gede bahayana, sarta babari tepa lantaran cai atawa kadaharan; menter sarua jeung tipes.
Mengi nyaeta Asma, ampeg, panyakit hese ngambekan pangpangna upama katiisan, bisa nepa lamun pacorok  wadah kadaharan.

Mimiseun nyaeta Kaluar geutih tina irung lantaran sariawan, jsb.

Muriang nyaeta Awak paranas-tiris katerap panyakit malaria, influensa, jsb.

Nyeuri huntu nyaeta Huntu karasa nyeuri alatan koropok, jsb.

Peluh nyaeta Kasakit lalaki, upama raranganana teu daekeun heuras.

Peuteuyeun nyaeta Kasakit nyeuri kiih nu dilantarankeun ku racun nu aya dina buah peuteuy; peuteuyeun sok tumerap lamun ngadahar peuteuy rorosaan; peuteuyeun lewih parna tibatan jengkoleun.

Reunghaseun nyaetaKasakit kulit, kulit semu tarutung tur semu bareulah (kawas tangkal reunghas), reungahseun sok tumerap lamun kulit kakeunaan ku geutah reunghas.

Rieut nyaeta Nyeuri sirah.

Rorombeheun nyaeta Kasakit dina dampal suku pangpangna dina keuneung, kulitna bareulah.

Sakalor nyaeta Kasakit sarap, nu boga kasakit sakalor teu karana puguh sababna sok ngadadak teu eling, tuluy ngagolepak kapaehan, sungutna/bahamna ngabudah.

Salatri nyaeta Kasakit anu timbul lantaran kosong beuteung, karasa lieur, sebel, tur kaluar kesang tiis.

Salesma nyaeta Kasakit di jero irung, lantaran katiisan (mindeung beresin sarta lehoan).

Sampar nyaeta Kasakit kulit nu babari tepa.

Sarab nyaeta Sarua kasakit kulit, tumerapna ka budak.

Sariawan nyaeta Kasakit nu ngalantarankeun barusuh atawa kalua rgeutih tina irung atawa gugusi.

Sumbilangeun nyaeta Kasakit awewe, nyeuri pianakan waktu kotoran, nyeurina meh sarua jeung dipatil sumbilang (lauk laut).

Tajam nyaeta Meh sarua jeung disentri, kasakit beuteung nu dilantarankeun ku baksil-baksil; nu tajam sok ngayer (murus), sarta kotorana sok pacampur jeung geutih atawa bubudur.

Tampek nyaeta Kasakit kulit, ateul semu panas, tumerapna biasana ka budak.

Tibar nyaeta Kasakit sarupa bisul matana tujuh.

Tuju nyaeta Kasakit nyeuri tuur atawa cangkeng, tumerapna ka jalma nu geus kolot.

Tujukuriling nyaeta Kasakit lanjung (lieur anu pohara).

Tujulajer nyaeta Kasakit nu sok tumerap ka awewe lantaran kaganggu sarapna, sok jengker.

Turuwiseun nyaeta Kasakit sarupa cenang dina biwir panon.

Uuseupeun nyaeta Kasakti dina tikoro, karasana nyeuri neureuy asa aya useupan.

Wasir/bawasir nyaeta Ambeyen, kasakit dina bool, nongtot bool.