Kamis, 06 September 2018

Kumpulan Babasan dan Pribahasa Sunda Bag 1

Adab lanyap
Jiga nu handap asor, daek ngahormat ka batur, boga hate luhur, tapi tungtungna sok ngarunghak jeung kurang ajar, anu tungtungna batur loba nu teu resepeun

Adam lali tapel
Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.

Adat kakurung ku iga
Adat nu hese digantina.

Adean ku kuda beureum
Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.

Adigung adiguna
Gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.

Agul ku payung butut ,
Luluhur sorangan.

Akal koja
pinter dina kagorengan atawa kajahatan.

Aki aki tujuh mulud
Lalaki nu geus kolot pisan.

Aku aku angga
Ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibandangaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.

Aku panggung
darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.

Alak-alak cumampaka
Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.

Alak paul
Tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.

Alus panggung
Alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna.

Ambek nyedek tanaga midek
Ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri

napsu kapegung.
Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.

Anak puputon
Anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.

Anjing ngagogogan kalong
mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).

Ari diarah supana,
Kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.

Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed
Ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.

Asa dijual payu ngungun
Dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.

Asa ditonjok congcot
Meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.

Asa ditumbu umur
Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.

Asa nanggeuy endog beubeureumna
Kacida nyaahna.

Asa potong leungeun katuhu
Leungiteun jalma nu pohara hade gawena.

Ati mungkir beungeut nyinghareup
Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.

Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon,
ngeunaan tanah.
Aya astana sajeungkal
Anu mustahil oge bisa kajadian.

Aya bagja teu daulat
arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.

Aya di sihung maung
Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.

Aya hate kadua leutik naksir.

Aya jalan komo meuntas
Aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.

Aya peurah aya komara aya harega, aya pangaji.
Aya nu dianjing cai Aya nu diarep-arep atawa digeroan.

Ayakan tara meunang kancra
nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.

Baleg tampele
ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.

Bali geusan ngajadi
tempat dilahirkeun.

Balung kulit kotok
meuting teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.

Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan
Beak karep ku rido jeung beresih hate.

Banda tatalang raga
Lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.

Belang bayah gindi pikir
Boga pikiran goreng ka papada kawula.

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.

Beurat birit
hese jeung sungkan dititah.

Beurat nyuhun
beurat nanggung, beurat
narimakeunana pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.

Beureum paneureuy seuseut batan neureuy keueus
hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.

Beuteung anjingeun
ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
Bilih aya turus bengkung Bisi salah pokpokanana.

Biwir nyiru rombengeun
resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.

Biwir nyiru rombengeun
Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.

Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah henteu milu milu kana tanggung jawabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.

Bluk nyuuh blak nangkarak Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.

Bobo sapanon carang sapakan aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.

Bobor karahayuan henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.

Bobot pangayun timbang taraju kabeh anu dipigawe kudu pinuh tinimbangan.
Bonteng ngalawan kadu nu leutik ngalawan nu gede.

Buburuh nyatu diupah beas nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.

Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah
Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.

Buluan belut, jangjangan oray
Pamohalan kajadian.

Bungbulang tunda / tunda talatah
Lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.

Buntut kasiran
Koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.

Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang ginding,
Loba pakean anu aralus dipake.

Buruk buruk papan jati
Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.

Caang bulan dadamaran
migawe nu kurang mangpaat.

Cacag nangkaeun Hanteu beres, hanteu rata, henteu sampurna.

Cangkir emas eusi delan
omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.

Cara bueuk meunang mabuk
ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.

Cara gaang katincak
anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.

Cara jogjog mondok
carekcok bae, mani gandeng nacer.

Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung
Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.

Cecendet mande kiara
Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.

Ceuli lentaheun
Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.

Cicing dina sihung maung
Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.

Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok
Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa).

Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung
Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.

Ciri sabumi cara sadesa beda tempatna,
beda deui adat jeung kabiasaanana.

Clik putih clak herang
Kaluar tian hate anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.

Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna
Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.

Daek macok embung dipacok daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.

Dagang oncom rancatan emas ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.

Dah bawang dah kapas
Tah barangna tah duitna.

Daluang katinggang mangsi
Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).

Desa maca cara nagara mawa tata
Ngagambarkeun yen kaayaan jeung adat kabiasaan di desa jeung kota (nagara) teh beda-beda.

Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.

Deukeut deukeut anak taleus
ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.

Dihin pinasti, anyar pinanggih baheula ditangtukeunana,
ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.

Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban
Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.

Dipiamis buah gintung
Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.

Disakompet daunkeun, dihurun suluh dihijikeun bae,
disaruakeun bae, teu dibeda beda.

Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi
Dialak ilik lantaran dianggap aneh.

Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup
lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.

Dogdog pangrewong
Bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.

Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.

Dosa salaput hulu kacida loba dosana.
Dulang tinande awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salami.

Duum tinggi ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.

Elmu ajug
pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.

Elmu sapi
samiuk (ngahiji) kana kagorengan.

Elmu tumbila
nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.

Elok bangkong
Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.

Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh
Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.

Endog tara megar kabeh
najan saindung sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.

Galehgeh gado darehdeh tapi henteu terus kana hate.

Gancang pincang
kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.

Gantung denge
hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.

Gantung teureuyeun
Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.

Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig
Ngeunaan ka jelema anu jangkung harelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.

Gede gunung pananggeuhan
Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.

Gede gunung pananggeuhan
Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.

Getas harupateun, pingges harepan
Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.

Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma
Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.Gindi pikir belang bayah Goreng hate, dolim, julig, dengki.

Ginding kakampis
Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.

Giri lungsi tanpa hina
Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.

Goong saba karia
Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.

Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi
Euweuh anggeusna, euweuh beakna.

Gurat batu
Pageuh kana jangji.

Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna
Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.

Hade gogog hade tagog
Hade basa jeung hade tingkah lacuna.

Hade ku omong goreng ku omong
Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.

Haloho sataun lantis ku hujan sapoe
Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.

Hambur bacot murah congcot
Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.

Hampang birit
Gampang jeung daekan dititah.

Hanteu gedag bulu salambar
Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.

Hapa hapa ge ranggeuyan
Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.

Hapa hapa ge ranggeuyan
Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.

Harewos bojong
Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.

Haripeut ku teuteureuyeun
Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.

Harus omong batan goong
Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.

Hayang untung jadi buntung
Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.

Hejo tihang
Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.

Herang caina beunang laukna
Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.

Herang caina beunang laukna
Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.

Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang
Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.

Heueuh heueuh bueuk
Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.

Heureut deuleu pondok lengkah
Ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu rea babandingan da kurung batok.

Heurin ku letah
Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan.

Hirup ku panyukup gede ku pamere
Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.

Hirup nuhun paeh dirampes
Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.

Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja
Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.

Hulu dugul dihihidan
Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.

Hunyur nandean gunung
Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.tos

Hurung nangtung siang leumpang
Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.

Ieu aing uyah kidul
Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.

Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun.
Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan).

Indung lembu bapa banteng
Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.

Inggis batan maut hinis
Pohara risina, pohara paurna.

Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang
Inggis jeung paur kabina bina.

Ipis kulit beungeut
Gede kaera.

Iwak nangtang sujen
Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.

Jabung tumalapung sabda tumapalang
Milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.

Jadi maung malang jadi panghalang,
ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.

Jadi sabiwir hiji
jadi carita jalma loba.

Jadi senen kalemekan
mindeng dicaritakeun batur.

Jaman cacing dua saduit
jaman baheula pisan.

Jati kasilih ku junti 
pribumi kaelehkeun ku urang asing.

Jauh jauh panjang gagang 
hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.

Jauh ka bedug anggang ka dayeuh
Dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.

Jauh ka bedug dusun, 
bodo, euweuh kanyaho.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar