Rabu, 04 Oktober 2017

Kaulinan Barudak Sunda

A
Ambil-Ambilan
nyaéta kawih kaulinan barudak anu dikawihkeun ku dua rombongan atawa kelompok ngajajar pahareup-hareup. Cara ngawihna siligenti patémbalan kawas sisindiran, tuluy tinuluy nepi ka éléh rombongan atawa kelompok nu hareupna teu bisa ngajawab deui. Budak nu kapilih ku rombongan anu kabagéan milih, disebut ngaranna tuluy pindah ka rombonganana atawa kelompokna, pindahna bari éngké-éngkéan sarta bari disurakan "maling endog!" ku rombongan anu ditinggalkeun. Tuluy nu éléh biasana kudu narima hukuman ti nu meunang, lamun nu éléh teu narima kana hukumanana bisana sok leuwih disurakan ku barudak nu meunang atawa disebutan "euweuh kanjutan!" keur lalaki, mun keur awéwé mah biasana sok disebutanna téh "euweuh peurahan!". Kieu rakitan kaawihna:

Kawih lianna :
- Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil, kami mah teu boga incu boga gé anak pahatu
- Pahatu gé daék
purah nutu purah ngéjo
purah ngasakan baligo
+ Nyerieun sukuna
kacugak ku kaliagé
- Aya ubarna urat munding campur ragé
tiguling nyocolan dagé.


Anjang-Anjangan
Anjang-anjangan atawa anyang-anyangan nyaéta kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.

Palaturan
Saenyana mah euweuh palaturan nu matuh, mung paling ogé budak nu kabagéan peran bapa, indung atawa anak kudu bisa ngalenyepan peran nu dilakon. Mun saenyana aya aya nu teu bisa ngalenyepan, biasana sok dipoyokan teu bisaeun ulin.


Ayang-Ayang Gung
nyaéta kawih kaulinan anu dilagukeunana bari ayang-ayangan, pauntay-untuy. Biasana mangrupa lagu panganteur dina kaulinan ucing kuriling atawa ucing peungpeun.

Rakitan kakawihan :
Ayang-ayanggung, gung goongna ramé, ménak Ki Mas Tanu,
nu jadi wadana, naha manéh kitu,
tukang olo-olo, loba anu giruk,
ruket jeung Kumpeni, niat jadi pangkat, katon kagoréngan,
ngantos Kangjeng Dalem,
lempa lempi lempong jalan ka Batawi ngemplong.

Kawih lianna:
Oyong-oyong bangkong,' kong parakan nyambut, buten buah beunying, nyingsat ka cawéné,
néang nu ngajuru, rungkad sajajagat, gatrik naék munding,
dingklak ka landeuhkeun, keuna kana burang, rangkék naék jambé,
béo wliyulah, laha dina bilik, lika meunang nguseup, seupan leunca ngora, ratib ngan duaan, anteur kami mulang, langka munding bulé,
lédéh kahujanan, nangtung jadi ratu,
tuan besar senang, nangtung ka nu butuh, tutali tumenggung, gung goongna ramé, ménak Ki Wastanu,
nu jadi wadana, naha manéh kitu,
tukang olo-olo, loba anu giruk, ruket jeung Kumpeni, niat jadi pangkat, katon kagoréngan,
ngantos Kangjeng Dalem, lempa lempi lempong jalan ka Batawi ngemplong, plong ka kulon plong ka wétan, tantara Lemah-abang, bangkong luncat ka sawah, wahon Abdul Wahab, Habib tukang bajigur, Gurka kurang ajar, jarah ka Batutulis, lisung nini-nini, Nipong tukang tipu, puas dibom atum, tuma nyaliara,
ramé di Jakarta, tara ti sasari,
ribut loba Indo, Indonésia Mere duka.


B
Boy-Boyan
téh salah sahiji kaulinan anu maké bal(biasana saukuran bal ténis) anu bisa dijieun tina kertas anu dikuwel-kuwel atawa ku bal ténisna. Tuluy, dikumpulkeun potongan kenténg (10 ~ 15) sina patumpuk ka luhur. kabéh anu teu jadi ucing, saurang-saurang ngalungan kana kenténg anu geus ngéntép, minangka nepikeun salah saurang bisa ngaruntuhkeunana. Lamun kénténgna geus runtuh, anu jadi ucing tuluy ngaberikan ka anu maén tadi sangkan beunang dibalédog ku éta bal. Lamun aya anu keuna, pamaén kaluar heula tina kaulinan nepi ka kabéh beunang kabalédog ku balna.

Bébénténgan
nyaéta kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténganu dijaga ku batu, talawéngkar,
nyaéta kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras.

Aturan maén
Kudu aya kewuk/kuwuk jeung bal béklenna nu bahanna tina karét, rata-rata dipaénkeun ku duaan nepi ka sababaraha urang. Kewukna bisa 10-12 atawa kumaha karepna, rék 20 ogé kaci, ngan kudu bisa karanggeum ku leungeun. Nu maraénna andéprok dina téhel nu bérésih nguriling jiga samodél lingkaran. Mimitina bal dialungkeun sakali ngacleng kana téhel, tuluy kewukna diawurkeun kana téhel, mimiti nyokot kewuk hiji-hiji, bari dialungkeun balna ngacleng sakali téa. Lamun dua kali atawa leuwih mah lasut.

Conto,
maké kewuk 10 siki, kewuk dicokot nepi ka 10 karawu ku dua leungeun, tuluy diawurkeun deui kewukna ditangkarak-tangkarakkeun kabéh, dicokot hiji-hiji nepi ka sapuluhna.
Geus kitu kewuk ditangkub-tangkubkeun.
Prosésna sarua jiga nu di luhur, geus ditangkubkeun kabéh, tuluy dibawaan deui.
Bagéan ka batur mah lamun pamaén ka hiji lasut, nya giliran maénkeunana.
Minangka ujianana, istilahna "naspél". Sanggeus prosés kahiji nepi ka prosés ka ditangkubkeunana kewuk nepi ka 10, naspélna téh kewuk ditangkarak-tangkarakkeun terus dirawu kabéh. Geus kitu ditangkub-tangkubkeun, dirawu deui. Geus kabéh karawu, tuluy kewuk nu 10 siki diranggeum terus dialungkeun ka luhur bari ditampanan ku dampal leungeun nu ngalungkeun. Lamun dina dampal leungeun nyésa 2 atawa 3 atawa 4 kewuk, tuluy disanggap deui. Engké ngamimitianna deui kudu ti dua, tilu atawa opat nyokotanna téh. Henteu mimiti ti hiji, tapi langsung. Kitu ogé nangkarak-nangkarakkeun, nyokotna dua, tilu atawa opat, kumaha nu kasanggap téa. Mun keur naspél lasut, nya kudu balikan deui, nepi ka lulus banglus naspélna (nepi ka bisa ngaranggeum kuwuk téa).
Lamun lasut atawa ngalakukeun kasalahan, pamaén kudu diganti. Anu dianggap lasut téh nyaéta lamun:
Bola anu dialungkeun teu katéwak
-Kewuk anu dikeupeul murag
-Gudir, atawa kewuk katoél ku leungeun sabot keur maén

Mangpaat na :
Ngalatih koordinasi visual-motorik[
Ngalatih konséntrasi
Ngaronjatkeun kamampuh ngontrol gerakan ramo jeung leungeun
Kamampuh nahan posisi awak nu angger


C
Caca Burané
sok disebut ogé caca burangé) nyaéta kawih kaulinan anu tujuanana saru pikeun teteguhan siga Pacublak-Cublak Uang jeung Tungtung Kalintungan. Carana sarua pédah béda rakitan kawihna, barudakna ngariung saurang baturna nu nyuuh nu bakal neguh. nyaéta kawihkaulinan anu dikawihkeun babarengan. Barudakna ngariung saurang baturna nu nyuuh nu bakal neguh.Nu lianna numpangkeun leungeunna dikeupeulkeun, salah saurang ngeupeul barang anu rék diteguh. Nalika ngawih, nu nyuuh cengkat tuluy neguh, lamun kateguh di saha éta barang, nya manéhna nu kagiliran nyuuh pikeun neguh.

Rakitan kawih
Caca burané
Burané tali gobang
Gobang pancarané
Anak gajah bebayuné
Jing gojing léwok-léwok
Jing gojing léwok-léwok.


Cing Ciripit
nyaéta kawih paranti milang saméméh ucing-ucingan. Aya di sababaraha tempat atawa wewengkon séjén mah disebutna téh eméng-eméngan

Cara maen na
Cara maénna mimiti barudak ngariung, tuluy salah saurang budak biasana budak nu panggedéna ngasongkeun dampal leungeunna ka tengah riungan bari narangtung. Budak séjénna ngasongkeun curukna séwang-séwangan ditapelkeun kana luhureun dampal leungeun budak nu panggedéna téa. Sanggeus kitu barudak anu ngasongkeun curukna séwang-séwangan téa, ngangkat jeung nurunkeun curukna séwang-séwangan bari ngawih cing ciripit. Saha nu kacekel curukna hartina éta nu éléh atawa nu eméng kudu ngudak barudak séjén nu teu kacekel curukna. Nu séjén lalumpatan ngajauhan nu eméng, tuluy mun aya nu kacabak salah saurang budak berarti jadi pindah budak éta nu eméng jeung kudu nyabak atawa ngaeméngkeun barudak séjénna. Kitu saterusna nepi ka kabagéan kabéh. Anu ngarawih téh bari seuseurian sakapeung mah sok bari heureuy, ulin barudak téa tara aya nu serius, malah ku teu seriusna éta jadi ciri ngaran budak.

Rakitan kawih
Cing ciripit
Tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu paré
Bulu paré seuseukeutna

Kawih lainna:
Cing ciripit Kadal buntung Duit saringgit Dipaké nyandung
A, i, u, daun cau nangka ngora
Ari tang tang tang tangkeup !


Cingcang Keling
nyaéta kawih paranti milangsaméméh barudak ulin ucing-ucingan. Ieu kawihkaulinan barudak cingcangkeling téh dilakukeunna bari ngariung henteu papisah saurang-saurang tapi babarengan jeung biasana sok ditunjuk ku juru ngawihna nu salah saurang budak éta, budak nu kabilang ditunjuk nurutkeun wirahma kawihna, tuluy kudu ngudak budak séjén nu teu katunjuk.

Carana budak nu kabilang, kudu nyabak budak nu teu kabilang, tuluy lalumpatan ngajauhan budak anu geus kabilang tadi. Satuluyna kitu terus nepi ka kabéh budak beunang kacabak. Aturannana teu meunang aya budak anu jauh-jauh teuing lumpatna. Kudu sakurilingeun lapang atawa buruan imah tempat maranéhna ulin. Teu kaci lamun aya nu jauh berarti budak éta kaluar maénna atawa gugur teu bisa ngiluan maén deui nurutkeun kasapukan kabéh budak nu milu ulin dina éta kaulinan. Biasana barudak nu ulin bari ngawihkeun ieu kawih cingcangkeling téh sok bari heureuy silisurungkeun atawa bari luluncatan teu puguh embung cicing kumaha wé budak leutik nu keur meujeuhna resep ulin. Saméméh prung sok dikawihkeun heula ku saurang, nu séjénna nuturkeun ngawih bari nyurakan nu kabilang.

Rakitan kawih
Cingcangkeling Manuk cingkleung cindeten Plos ka kolong Bapa Satar buleneng
Cok Cang (Cokcangan)
nyaéta kawih paranti milangsaméméh ulin ucing-ucingan. Aya di sababaraha tempat atawa wewengkon séjén mah disebutna téh eméng-eméngan. Anu ngarawih téh bari seuseurian sakapeung mah sok bari heureuy, ulin barudak téa tara aya nu serius, malah ku teu seriusna éta jadi ciri ngaran budak. Cara maénna nyaéta budak nu kabilang, kudu nyabak budak nu teu kabilang, tuluy lalumpatan ngajauhan budak anu geus kabilang tadi, satuluyna kitu terus nepi ka kabéh budak beunang kacabak, aturannana teu meunang aya budak anu jauh-jauh teuing lumpatna, kudu sakurilingeun lapang atawa buruan imah tempat maranéhna ulin, teu kaci lamun aya nu jauh berarti budak éta kaluar maénna atawa gugur teu bisa ngiluan maén deui nurutkeun kasapukan kabéh budak nu milu ulin dina éta kaulinan. Rakitanana kieu :

Cok cang si pencok si kacang
Si niti anggolati
Si togog montok.[
Rakitan kawih séjénna :
Cok cang si pendék si kacang
Si niti anggolati
Dog clo
Bo lo nyon, atawa
Cok cang si pendék si kacang
Si niti anggolati Lameta déning si togog Montok

.
Congklak
DC ongklak atawa daku nyaéta kaulinan maké papankai atawa palastik, dieusi kewuk, siki asem tawa batu leutik. Geus aya lombang-lombangna 7, ngajajar. Di hareupeun lombang 7 gé aya deuih 7 lombang, 2 lombang badag digigir-gigirna. Éta lombang téh dieusian ku siki asem atawa siki congklak (nu geus disadiakeun), atawa baréto mah mun congklakna dina taneuh, sikina sok ku batulaleutik.

Cara maén
Lombang dieusian masing-masing 7 siki. Ari lombang gedé minangka lombang rajana mah henteu dieusian, dipaénkeun ku 2 urang teu bisa leuwih. Sanggeus kabéh lombang leutik dieusian, tuluy salah sahiji nu maén nyokot lombang, nya dipapaykeun nepi ka béakna siki. Giliran ieu nu lombang gedé (tabungan manéhna, nu beulah kéncaeun nu maén) gé dieusian sasiki, lasutna téh mun siki nu pamungkas nempatan lombang nu kosong. Mun dina nu lombang luhur aya eusian disebutna "némbak", siki nu lombang kosong, jeung siki luhureunana dibawa jadi hak milik nu maén éta. Nya geus kitu mah bagilir bagéan pamaén lawanna da lasut téa.


D
Damdaman
Enyaéta kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.
Empét-empétan
nyaéta kaulitan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami.


E
Endog-endogan
nyaéta kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.
Biasana diulinkeun bari diuk, minimal diulinkeun ku 2 urang. Terus leungeun dipeureupkeun disimpen dihandap. Posisina aya anu bari nangtung aya anu bari nangkub. Sabada digoléangkeun (digoyang) barudak bari kakawihan. Kawihna siga kieu : "Endog endogan….endogna peupeus hiji..pre". Mun nyubut pre langsung leungeun anu tadina meureup ditemprakeun. Mimiti anu ditemprakeun anu paling handap tuluy sampe kaluhur. Mun leungeunna geus euweuh anu meureup deui dikawihkeun deui siga kieu ?goléang goléang Mata sapi bolotot? bari handapeun mata barudak sok silih dibeyeng kahandap ku sorangan.


Eundeuk-eundeuk Cang
nyaéta kawih kaulinan anu dipaké ku barudak bari eundeuk-eundeukan dina dahan tatangkalan. Barudak ngarawih bari suka bungah jeung ngeundeuk-ngeundeuk tangkal anu ditaékannana, ngarawihna bari seuseurian kawas nu nyurakan batur nu ngaliwat ka éta tangkal, dikawihkeun dialeu-aleu. Rakitanana kieu :

Eundeuk-eundeuk cang lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki.
Rakitan kawih lianna kieu :
Eundeuk-eundeuk cang lagoni
Meunang peucang sahiji
'Leupas deui ku [[nyai]
Beunang deui ku santri
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki.


Éncrak
nyaéta kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.)
Éngklé
nyaéta kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
Galah asin
nyaéta kaulinan maké kalang di taneuhburuan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.


G
Gatrik
nyaéta kaulinan tradisional barudak masarakat Sunda. Gatrik mangrupa kaulinan kelompok, diwangun ku dua kelompok. Ieu kaulinan ngagunakeun pakakas mangrupa dua potongan awi. Anu hiji siga iteuk ukuranana kurang leuwih 30 cm, sarta lianna deui ukuranana langkung alit. Gatrik biasana dipigawé di lapang atawa halaman taneuh nu nembrak. Jumlah pamaénna 2 tim, unggal tim diwangun ku 2-5 budak. Keur dadasar gatrik, biasana dipaké batu (bata) atawa barang sanés anu tiasa dipaké minangka dadasar. Ieu kaulinan merlukeun kaparigelan katut katangginasan. Pamaén kedah ati-ati nalika ngulinkeun ana sabab lamun gatrikna beuki gancang, tim nu néwak kudu tapis nyingkahan tatu alatan kakeunaan ku kai gatrik. Cara ngulinkeun gatrik ieu di saban wewengkon tiasa béda-béda.

Permainan Sunda
Gatrik ngagunakeun pakakas mangrupi 2 potongan awi atawa kai, potongan panjang minangka paneunggeul sapanjang kirang langkung 30 cm sarta potongan pondok sapanjang 10 cm. Teras, diperlukeun ogé bata atawa barang lianna anu tiasa dijadikeun dadasar gatrik (awi pondok).

Cara Ulin
Mitembéyan Kaulinan
Kanggo nangtukeun tim anu leuwih tiheula ulin minangka paneunggeul, urang tiasa ngalakukeun suten, atawa malédogkeun kai gatrik pondok ka landasan di luhur batu. Singsaha waé anu ngabalangkeunana ka jero atawa leuwih deukeut kana batu dadasar, tiasa jadi tim paneunggeul.
Jirangan kaulinan
Jirangan kahiji
Jirangan kahiji nyaéta malangkeun gatrik pondok di luhureun batu sarta siap dialungkeun nganggo gatrik panjang. Tim nu néwak ngajagi alungann gatrik pondok. Lamun hasil katéwak mangka giliran tiasa bagentos. Lamun henteu tiasa néwak, aya kénéh hiji kasempetan deui ku cara malédogkeun gatrik pondok kana gatrik panjang. Lamun keuna, tim nu néwak tiasa bagentos jadi tim paneunggeul. Lamun henteu ngeunaan gatrik panjang, mangka urang asup kana jirangan kadua.
Jirangan kadua

Gatrik panjang jeung pondok dicepeng ku panangan tuluy gatrik pondok ditakol satarik-tarikna ku gatrik panjang. Lamun katéwak, tim nu ngajaga boga kasempetan kanggo ulin gatrik. Lamun henteu, tim nu ngajaga malédogkeun gatrik pondok ngadeukeutan batu dadasar, supados tim paneunggeul henteu ngagaduhan jarak per gatrik pondok kanggo meunangkeun peunteun.

Jirangan pamungkas
nyaéta naon anu disebut "patil lélé", simpen gatrik pondok kalawan posisi doyong dina dadasar batu. Babuk tungtungna tepi ka kaalungkeun ka luhur, tuluy geuwat takol leuwih tarik deui ka hareup. Tim nu néwak angger mibanda tugas néwakk gatrik pondok. Lamun teu katéwak, tim paneunggeul neraskeun kaulinan kalawan neunggeul tungtung gatrik anu pondok gatrik pondok di luhur taneuh (sepertos neunggeul bal golfnanging bari nyangégang). Dina neunggeul gatrik pondok, dipigawé sacara éstapét (lamun pamaén ka-1 gagal neunggeul, digantian ku pamaén ka-2, jst.). Jarak anu diukur ku gatrik pondok éta nangtukeun meunang jeung éléhna tim. Tim anu menang biasana dibéré hadiah ku tim anu éléh nyaéta diakod (digandong) luyu jeung jarak jauhna gatrik pondok anu ditakol.


Gugunungan
nyaéta kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina tane


H
Hahayaman (Kaulinan)
nyaéta kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam, saurang nu lain jadi careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager.


Hompilah
nyaéta kawih paranti milang saméméh prung maén ucing-ucingan. Aya di sababaraha tempat atawa wewengkon séjén mah disebutna téh eméng-eméngan. Anu ngarawih téh bari seuseurian sakapeung mah sok bari heureuy, ulin barudak téa tara aya nu serius, malah ku teu seriusna éta jadi ciri ngaran budak. Cara ngalakukeunana barudak ngariung bari namprakkeun jeung nangkubkeun dampal leungeunna tuluy ngawih babarengan, saha budak anu teu sarua hasil hompilahna aya nu nangkub dampal leungeunna saurang, atawa nu nangkarak dampal leungeunna saurang berarti éta budak nu éléh jeung eméng kudu ngudag budak séjén nu sarua hasil hompilahna, tuluy nalika barudak lalumpatan ogé teu kaci jauh-jauh teuing lumpatna, lamun jauh nepi ka kaluar tina galur lapangan atawa jauh ti buruan imah dianggap gugur atawa teu bisa miluan deui maén ucing-ucingan. Tuluy nalika maén ucing-ucingannana bisana disawatara tempat séjén mah sok aya hukuman atawa balesan pikeun budak nu éléh ku cara di cabak atawa dikélékéték nepi ka seuseurian malah aya budak nepi ka ngaompolan manéh banget ku tuluy-tuluyan dikélékéték diriung ku budak séjénna nu teu éléh. 

Kieu rakitan kawihna:
Hompilah hompimpah
Alaihum gambréng.


J
Jajangkungan
Jajangkungan di Indonésia biasa dipintonkeun atawa dipasanggirikeun nalika pangéling Proklamasi Kamerdékaan Indonésia, 17 Agustus. Vérsi séjénna diulinkeun ogé alika sunatan.


K
Kalong King
nyaéta kawih kaulinan anu dikawihkeun nalika layung pasosoré, biasana lamun aya kalong ngaliwat tinggalayang disurakan bari dikawihan. Nalika kalong ngaliwat, barudak sok ribut nyurakan bari ngawih kalong king, suka bungah seuseurian nyurakanana ogé sok tara kira-kira jiga nu ijid ka kalong téh, ngan ramé wé da barudak mah néangan hiburan pikeun ngabubungah haténa lain saukur nyurakan. 

Kieu kawihna :
Kalong king, kalong king
Bapa sia utah ngising
Dibura ku madu ucing
Madu ucing meunang maling
Maling ti imah aing.


Kawih Kaulinan
nyaéta kakawihan barudak atawa kawih murangkalih, mangrupa sabangsa kawih anu biasa dikarawihkeun ku barudak bari arulin, boh dilakukeun di jero imah, boh di luar upamana di buruan keur kaayaan caang bulan, atawa di tempat lianna tempat maranéhna ulin. Rakitan kakawihan barudak mangrupa lalaguan balaréa anu sipatna anonim, biasana tara sarua unggal daérah sok aya baé bédana saeutik. Kiwari kawih kaulinan geus jarang dikawihkeun ku barudak, komo budak nu cicingna di kota mah meureun geus tara pisan dilakukeun, biasana kawih kaulinan téh sok dipaké ku barudak nu cicingna dipadésaan atawa pakampungan, di daérah pagunungan. Budak nu biasana ngawih lamun keur ulin téh sok babarengan jeung babaturannana, tara sosoranganan.

Conto :
- Kawih Kaulinan
- Cing Cangkeling atawa cing cangkeling
- Cing, Ciripit
- Cok Cang (Cokcangan),
- Hompilah,
- Tutunjukan
- Prang-pring,
- Eundeuk-Eundeuk Cang
- Pacublak-Cublak Uang,
- Tungtung Kalintungan,
- Caca Burané,
- Tokécang,
- Sasalimpetan,
- Ambil-Ambilan,
- Ayang-Ayang Gung
- Pérépét JéngkolPaciwit-Ciwit Lutung,
- Ucang-Ucang Anggé,
- Trang-Trang Koléntrang,
- Olé-Olé Ogong,
- Kalong King,
- Meuncit Reungit,
- Tong Tong Papatong,
- Pim-Pom Pilem
- Oray-Orayan


L
Luncat Tali
nyaéta kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun.
Dipaenkeun ku 3 urang-leuwih maké tali nu panjang, biasana tina bahan nu leuleuy liat sangkan teu ngabahayakeun atawa tisaringked. ku lantaran iue, biasana tali téh dijeiun tina karet geulang ditumbu-tumbukeunkeun jadi panjang. Mimiti dua budak jaga, maksudna nu nyepengan ujung talina ti mulai semet tuur tuluy naek ka luhur ka semet "taeun" tuluy, bujal, dada, ceuli, hulu, tuluy diacungkeun ku leungeun.

Cara maenna,
budak nu teu nyekel tali kudu ajleng saluhureun bates tali téa. Keur wates tuur jeung "taeun" nu ajleng téh teu teu meunang antel kana tali, antel manéhna lasut alias kudu gentenan nyekel tali. Ti mimiti wates bujal ka luhur, nu ajleng meunang antel kana tali. Beunang ogé maké tehnik "dikepoh" nyaéta suku kenca meulit kana tali dipurilitkeun, tuluy disusul suku katuhu ngajleng ka beulah sisi sebrangeun nu ngajleng téa.


M
Meuncit Reungit
nyaéta kawih kaulinan barudak anu dikawihkeun bari siduru atwa kabeneran aya nu keur ngadurukan sampah boh kolot boh budak deui nu keur ngadurukanna mah, tempatna di buruan imahatawa tukangeun imah nu lega jauh ti imahtatangga sabab paur bisi kadurukan tépa ka nu séjénna. Ngajauhan hal éta, kolot biasana ngadurukannana di tempat nu terbuka atawa deukeut jeung cai, saperti di sisi susukan atawa di tempat nu loba taneuhna saeutik jukutna. Biasana dilakukeun ku barudak keur waktu peuting atawa magrib saméméh ngaji ka masigit atawa saméméh solat isa, sok ulin heula bari ngawih ngagugulung kolot atawa budak séjén nu kabeneran keur ngadurukan sampah pelastik atawa ngahaja siduru alatan tiris kabulusan, kakawihan ieu dipangaruhan pisan ku kaayaan tempat, biasana barudak nu cicingna di daérah gunung atawa di sisi laut jarang dikawihkeun ku barudak nu cicingna di perkotaan. 

Rakitanana kieu:
Di dieu meuncit reungit
Di dinya meuncit domba
Di dieu beuki leungit
Di dinya beuki loba.
Kawih lianna :
Ka ditu meuncit domba
Ka dieu meuncit reungit
Ka ditu beuki loba
Ka dieu beuki leungit.


N
Ngadu Kaléci
nyaéta kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan.

Palaturan
Kaulinan ieu paling henteu kudu dimaénkeun ku duaan. Dibutuhkeun kaléci (pincian) pikeun maénkeunana. Hiji pincian pikeun pamatah nu séjéna pikeun mayar mun éléh.
Ngadu kaléci perlu lahan nu rada lega. Paling henteu saukuran lapangan poli atawa satengahna. Makana mun maraén pincian téh di pakarangan imah nu lega. Dina aréa ngadu kaleci dijieun dua garis nu sajajar. Jarak garis kahiji ka garis kadua sekitar...er..paling henteu 4 méter.

Cara maénkeunana kieu;
Pemain narangtung di garis nu kahiji siap-siap ngalungkeun kaleci. Tujuan ngalungkeun ngarah kaleci lagragna deukuet ka garis nu kadua, syukur-syukur pas dina garis (telep). Urutan ngalungkeun mun kakarek maen biasana diundi maké cara sut (gangsut?).Pemaen nu kalecina lagragna pang deukeutna kana garis maen pangheulana. Di susul ku nu séjéna dumasar kana jarak ka garis. Cara maenekuna maké ramo tangan kaleci diarahkeun ka kaleci batur. Mun beunang budak nu kalecina beunang kudu mayar ku kaleci, ogé langsung ngarah kaleci nu séjéna. Hiji. Mun teu beunang nya enggeus ingkeun nungguan bisi kaleci urang rek diarah ku batur.


O
Olé-Olé Ogong
nyaéta kawih kaulinan nu biasana dikawihkeun ku barudak nalika panén bari laleumpang dina galengan maranéhna nyieun taléot(empét-empétan) dijieun tina jarami garing.[1]Biasana mun keur usum panén Barudak sok bari olé-oéan suka bungah jalan galengan mapay sawah bari arulin sok tara balik ka imah lamun can bérés nyieun taléot mah. 

Rakitanana kieu :
Olé-olé ogong Melak cabé di Tarogong
Dihakan ku embé ompong


Oray-Orayan
nyaéta kawih kaulinan anu dilakukeun ku barudak nu rék ulin oray-orayan, biasana saméméh ulin oray-orayan sok silih cekel heula taktak. Nu tukang nyekel taktak nu hareupeunana jeung saterusna tuluy maju ka kénca ka katuhu katempona ngaléor siga oray bari ngawih tuluy luar-léor mapayan jalan ngurilingan budak nu keur jaga jadi guha nepi kaasup salah saurang budak tuluy dititah milih rék kamana, naha rék milu ka kelompok nu ka hiji guha katuhu atawa rék milih kelompok nua ka dua guha ka kénca, 

kawihna kieu:
Oray-orayan Luar-léor mapay sawah
Entong ka sawah Paréna keur sedeng beukah
Oray-orayan Luar-léor mapay leuwi
Entong ka leuwi Di leuwi loba nu mandi Saha nu mandi
Anu mandi pandeuri
Oray-orayan Luar-léor mapay kebon
Entong ka kebon Loba barudak keur ngangon Mending gé teuleum di leuwi loba nu mandi Saha nu mandi Nu mandi pandeuri.
Sanggeus kitu, huluna tuluy ngudak buntutna bari disada, "kok, kok, kok, kok".

Kawih liannna :
Oray-orayan Oray naon Oray bungka
Bungka naon Bungka laut Laut naon
Laut dipa Dipa naon Di pandeuri, ri, ri, ri, ri . . . blos!.


P
Paciwit-ciwit lutung
nyaéta kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah kawih

Palaturan
Kawihna kieu:
 "Paciwit-ciwit lutung, si lutung pindah Ka tungtung" pindahkeun panangan nu asalna dihandap ka tungtung (seja diserat)


Pacublak-Cublak Uang
nyaéta kawih kaulinan anu dikawihkeun babarengan bari dariuk nu saurang nangkuban tujuanana pikeun teteguhan, biasana barang anu jadi teguhanna téh nyaéta karikil atawa sisikian disumputkeun dina leungeun salah saurang budak tuluy pada ngarawih, sanggeus ngawih tuluy salah saurang neguh di saha karikil atawa sisikianayana, mun kapanggih saha nu nyepeng éta karikilatawa sisikian berarti gantian budak éta nu nyepeng sisikian anu kudu nagkuban. Dina sababaraha sumber mah carana téh ampir sarua nyaéta barudakna ngariung saurang baturna nu nyuuh (nangkuban) nu bakal neguh. Nu lianna numpangkeun leungeunna dikeupeulkeun, salah saurang ngeupeul barang atawa karikil anu rék diteguh. Nalika ngawih, nu nyuuh cengkat tuluy neguh, lamun kateguh di saha éta barang, nya manéhna nu kagiliran nyuuh pikeun neguh. 

Rakitanana kieu :
Pacublak-cublak uang
Uangnya manggul lonténg
Butata butiti Si Tata wara-wiri
Tangsi nona tangsi babah
Si sidin mau kawin
Gamelan jegar-jegur
Amil panghuluna
Ta e em ta e em ta e em ta e em ta e em.

Rakitan kawih séjénna :
Pacublak-cublak uang
Manggoléntng-manggolanting
Butata butiti
Gembrang-gembrung
Gembrang-gembrung
Bo e-em, bo e-em


Paciwit-ciwit Lutung
nyaéta kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas.
Cara ulinna hiji budak (biasana nu pangkuatna) nangkeup tihang imah. Ditukangeunna barudak séjén (bisa 2,3,4,5 jst) nangkeup ka éta budak, biasana mah budak nu panglembekna aya dipangtukangna. Ieu meureun asal ngaran kaulinan téh runtuyan budak diibaratkeun rungkun cau. Salian ti 'rungkun cau' ieu, aya salah saurang budak nu 'jaga' alias dihukum jadi 'patani' nu boga tugas mindahkeun pelak cau téa.
Nu jaga ieu kudu ngawihkeun samacam kawih uluk panto tuluy nyoba ngabetot runtuyan barudak nepi ka leupas hiji-hiji mulai nu pangtukangna. Mun aya budak nu leupas ieu kudu milu jadi balad 'patani' téa, babarengan ngawih jeung nagbetotan babaturanna nu masih kénéh nangkod dina rungkun, pakuat2 we nepi ka rungkun cau téa béak. Kaulinan ieu, mun barudakna karuat, bisa méakkeun waktu mangjam-jam.
Si lutung pindah ka luhur.
Kawih lianna :
Paciwit-ciwit lutung
Si lutung pindah ka tungtung.


Pelak Cau
nyaéta kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas.

Cara ulinna
Hiji budak (biasana nu pangkuatna) nangkeup tihang imah. Ditukangeunna barudak séjén (bisa 2,3,4,5 jst) nangkeup ka éta budak, biasana mah budak nu panglembekna aya dipangtukangna. Ieu meureun asal ngaran kaulinan téh runtuyan budak diibaratkeun rungkun cau. Salian ti 'rungkun cau' ieu, aya salah saurang budak nu 'jaga' alias dihukum jadi 'patani' nu boga tugas mindahkeun pelak cau téa.
Nu jaga ieu kudu ngawihkeun samacam kawih uluk panto tuluy nyoba ngabetot runtuyan barudak nepi ka leupas hiji-hiji mulai nu pangtukangna. Mun aya budak nu leupas ieu kudu milu jadi balad 'patani' téa, babarengan ngawih jeung nagbetotan babaturanna nu masih kénéh nangkod dina rungkun, pakuat2 we nepi ka rungkun cau téa béak. Kaulinan ieu, mun barudakna karuat, bisa méakkeun waktu mang jam-jam.


Pim-Pom Pilem
nyaéta kawih kaulinan anu tujuanana pikeun ngundi. Biasana aya pamingpinna ti salah saurang barudak (dipilih anu panggedéna), cara maénna pamingpin ngeupeulkeun leungeun anu kénca tuluy dikatengahkeun. Barudak séjénna anu ngarariung nurutan, ngeupeulkeun leungeun katuhuna tuluy dikateungahkeun tuluy pamingpinna ninggangan keupeulan barudak ku leungeun katuhuna bari ngawih. Lamun ngawih pamingpinna nepi kana "tiguling", ninggangan eureun. Budak nu katinggang leungeunna meunang undian. 

Rakitanana kieu :
Pim-pom pilem jabésé
Sédan beureum ti Jogja
Batu ngampur dikempis
Pisang cau karonéng
Néngtét bujal di gunung
Nungtun sapi keur depa
Parahuna tiguling.


Prang-Pring
nyaéta kawih kaulinan anu dipaké ku barudak bari dariuk ngajajar, atawa ngariung bari nyanghunyar.Bari ngawih ditepakan, budak nu katepak panungtung kudu mintelkeun sukuna jadi émok.Biasana ngawih ieu prang-pring téh sok di téras imah bari ngadagoan hujan raat, atawa ngadagoan kadaharan anu keur dipasak ku indungsalah saurang budak nu boga imah éta 

Rakitana kieu :
Prang-pring-prung
Sabuluh buluh gading
Saunda unda perang
Nya perang di pangadegan
Turuné puyuh
Hayam jago babaranten
Dikencréng-kencréng kucubung
Kucubung kuruwak dugel
Mana dugel ka si muntel
Telur jalu kembang kuménggér géyé


Pérépét Jéngkol
nyaéta kawih kaulinan barudak lalaki atawa awéwé tilu urang, nyarekelan leungeun bari patukang-tukang séwang-séwangan, suku katuhuna diangkat tuluy bitisna dianyamkeun atawa lamun cara tali mah ditalikeun sukuna kanu séjénna nepi ka pageuh jeung teu bisa lésot deui muringkel jiga anyaman samak. Tuluy sanggeus pageuh, leungeun barudak séwang-séwangan dileupaskeun tuluy laluncatan muter ka beulah kénca atawa ka beulah katuhu bari kekeprok nurutkeun wirahma lagu Pérépét jéngkol. Kitu satuluyna, biasana dilakukeun ku sababaraha kelompok boh tili kelompok atawa opat kelompok salobana pikeun lomba atawa pasanggiri anu tangtu dina hal kaulinan barudak anu éléh biasana kudu turut ka nu meunang jeung dibéré hukuman saluyu jeung paménta nu meunang, lamun teu nurut biasana sok disurakan atawa digugurkeun tina kaulinan, ulah miluan deui nepi ka nurutna, biasana budak anu sok amekan jeung pundungan nu tara nurut téh, tapi dina maénna mah sok aya waé nu pundungan téh ngan ari ngaran budak mah pundungna gé sok sakeudeung tara lila, asal maén balikan deui sok teu weléh seuri. Kieu rakitan kawihna:
Pérépét jéngkol jajahean
Kadempét kohkol Jéjérétéan.


S
Sasalimpetan
nyaéta kawih kaulinan anu dipaké ku barudak bari ulin pacekel-cekel leungeun, tapi lobaan ngajajar ka gigir bari posisina dariuk sila nu panghareupna nangkeup kana tihang atawa barang nu disanghareupanana rék barang naon waé asal bisa katangkeup. Biasana dilakukeun bari anyang-anyangan lamun nu maénna barudak awéwé, tapi lamun nu maénna barudak lalaki mah tara bari anyang-anyang, sakapeung mah sok eméng-eméngan ahir ngawihna téh. Cara maénna nu tungtung beulah kénca muntang kana tihang atawa tangkal. Bari ngarawih nu pangtungtungna beulah katuhu leumpang ka beulah kénca dituturkeun ku nu séjénna, nepi ka kabéh budak leungeunna murilit. Bari murilit ngarawih sasalimpetan nepi ka beunang hiji budak ku budak séjénna sangkan kapanggih saha nu éléh jeung saha nu meunang, biasana sok dinyanyikeun ku barudak nu masih leutik kénéh nu umuran sakola TK di bingbing ku guru TK na séwang-séwangan dibagi kelompok, tapi jaman ayeuna mah ieu kawih téh sok dinyanyikeun ku barudak nu umuran SD ogé pikeun hiburan di sakolaatawa di buruan imah. 

Rakitanana kieu :
Sasalimpetan
Jajahan aing nu panjang héy! héy!
Saha nu panjang.


Simar
nyaéta kaulinan budak Sunda anu ngagunakan siki asem minangka alatna. Ieu kaulinan lolobana dipaénkeun ku budak awéwé. Dina ieu kaulinan mah diperlukeun konséntrasi nalika maénkeunna, ogé katalitian jeung kaparigelan. Alat nu perlu disiapkeun nyaéta sikiasem, ari lobana mah kumaha kahayang nu maén, mingkin loba mingkin ramé. Pikeun maénkeunna bisa sosoranganan atawa papasangan. Tangtukeun papayan pamaén ku cara hompimpah sangkan kapilih nu mimiti maén, tuluy nyumebarkeun siki kalawan acak. Dina ieu kaulinan ditungtut supaya bisa ngéléhkeun siki asem ku cara ngabarungkeun 2 siki asem, tanpa antel ka siki asem séjén. Sangkan salah sahijina bakal jadi milik nu maénkeun mun ngahasil. Gorombolan atawa pamaén nu meunangkeun siki asem panglobana, mangka jadi jawarana.


Sondah
nyaéta kaulinan ku cara éngklé-éngkléan maké ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.


Sorodot gaplok
nyaéta ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun


Suten
nyaéta kaulinan leungeun samodél Rock,Paper,Scissors anu kawéntar sadunya, ngan pédah dilakukeunana maké ramo. Suten biasa dipaké pikeun nangtukeun saha anu jadi ucing dina kaulinan ucing sumput, ucing-ucingan, jsb.


Sérmen
nyaéta kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh.


T
Tokécang
nyaéta kawih kaulinan barudak anu dipaké ku barudak bari pacekel-cekel leungeun duaan-duaan, pahareup-hareup papasangan boh budak lalaki boh budak awéwé bari dariuk. Nalika ngawih duanana maralik bari murilitkeun leungeunna jadi patukang-tukang. Biasana ieu kakawihan téh sok dikarawihkeun bari nungguan hiji hal boh éta mangrupa barang boh jalma nu ditungguannana, tujuanana pikeun ngaleungitkeun kakesel atawa kakeuhuel jeung ngeusi waktu nu lowong sangkan ngabubungah sorangan, atawa barudak SD mah ieu kakawihan téh sok dipaké ulin anyang-anyangan atawa ngeusi waktu nu kosong lamun keur istirahat sakolana, sakapeung mah sok dipaké lomba atawa pasanggiri kawih kaulinan barudak sunda ku golongan nu tangtu pikeun tujuan pribadina husus) atawa tujuan umum pikeun masarakat ngamumulé budayana nu tileum kagésér ku budaya deungeun. Kieu rakitan kawihna, dikawihkeun bari leungeun nyepeng suku pasangan atawa budak nu disanghareupanana:

Tokécang, tokécang Moncor ka handapeun palang Nangtungna patukang-tukang.

Kawih lianna :
1 Tokécang, tokécang Balangendir tosblong Angeun kacang, angeun kacang Sapariuk kosong
2 Tokécang, tokécang Balangendir tosblong Angeun kacang, angeun kacang Sapependil kosong
3 Tokécang, tokécang Malik pendil tosblong Angeun kacang, angeun kacang Sapariuk kosong.


Tong Tong Papatong
nyaéta kawih kaulinan anu dikawihkeun ku barudak lamun rék ngala papatong. Biasana dikawihkeun bari néangan papatong mawa eupan nyéré nu maké geutah cauatawa dangdauanan nu geus digeutahcauan mancing papatong sangkan datang eunteup ka éta daun, baheula mah ngala papatong téh ku awiatawa nyéré bari digeutahan ngarah napel papatongna teu bisa ingkah jeung biasana ari dikawihan mah papatong téh sok babari datangna, teu cara ngan diudag-udag hungkul sok hésé ngalana jeung sok kabur waé, ari kaburna papatongmah sakali ngapung téh sok jauh pisan ti tempat manéhna eunteup jadi hésé néanganana, nu matak barudak baheula mah sok ngarawih bari ngala papatong téh. Matak maké geutah cau téh sabab geutahna téh rapet pisan bisa ogé maké geutah tangkal karét éta mah bakal leuwih rapet.Cara ngawihkeunana ogé kudu tarik ulah laun, sangkan papatongana daratang, ngawihkeunna ogé kudu bari leuleumpangan ulah cicing di tempat, kudu bari néangan, 

Kieu rakitan kawihna:
Tong tong papatong Dibéré cau sapotong
Ari béak ménta deui
Teup, teup, teup
Ari eunteup jang Si Ujang.


Trang-trang Koléntrang
nyaéta kawih kaulinan anu dikawihkeun ku barudak sangkan hujan raat, ngarawihna babarengan henteu sosoranganan. dina ngawihkeunana dipingpin ku hiji budak nu pangkolotna, tuluy diturutan ku budak séjénna.Biasana ngarawihna bari dariuk, atawa keur ngarumpul di tepas jeung téras imah sabari siduru di hawu atawa sabari ngariung jeung kulawargana, atawa jeung babaturanana teu kaci lamun ieu kawih dikawihkeunna ku sorangan, cenah mah hujanna ogé moal raat lamun dikawihkeunna ku sorangan mah jadi kudu ku lobaan babarengan, sakapeung mah sok dilombakeun ieu kakawihan téh pikeun sababaraha golongan nu tangtunu reueus kana kabudayaan sunda. Barudak bihari mah kana kakawihan téh éstuning tarapti pisan, mun rék nanaon ogé sakapeung mah sok bari ngawih boh keur leumpang, keur cicing komo keur ngalamun mah malah sok nyiptakeun sisindiran sorangan dina lamunanana. Ieu dihandap aya kawih kaulinan budak mun keur nungguan hujan sangkan raat 

Kieu rakitanana:
Trang-trang koléntrang
Si londok paéh nundutan
Tikusruk kana durukan
Mesat gobang kabuyutan.

Kawih lianna :
Trang-trang koléntrang
Si londok paéh nundutan
Tikusruk kana durukan
Mesat gobang kabuyutan
Nyéh prot nyéh prot
Nya nyéréh nya kempot.


Tungtung Kalintungan
nyaéta kawih kaulinan anu sarua jeung Pacublak-Cublak Uang tujuanana pikeun teteguhan, biasana barang anu jadi teguheunna téh karikil atawa sisikian disumputkeun dina leungeun salah saurang budak tuluy pada ngarawih, sanggeus ngawih tuluy salah saurang neguh di saha karikil atawa sisikian ayana, mun kapanggih saha nu nyepeng éta karikil atawa sisikian berarti gantian budak éta nu nyepeng sisikian anu kudu nagkuban. Dina sababaraha sumber mah carana téh ampir sarua nyaéta barudakna ngariung saurang baturna nu nyuuh (nangkuban) nu bakal neguh. Nu lianna numpangkeun leungeunna dikeupeulkeun, salah saurang ngeupeul barang atawa karikil anu rék diteguh. Nalika ngawih, nu nyuuh cengkat tuluy neguh, lamun kateguh di saha éta barang, nya manéhna nu kagiliran nyuuh pikeun neguh. Ieu di handap rakitan kawihna, dkawihkeun sabari dariuk sarua jeung Pacublak-Cublak Uang ngan bédana tina rakitan kawihna ari cara ngalakukeunna mah sarua.

Tong mali, maliatong mendekong
Kayu manis disangkané ora sombong
Sombong rinci-rinci
Sombong rinci-rinci
Mbok ayu tiang pundi
Pundi tongtak-tongtak
Pundi tongtak-tongtak
Tung tung kalintungan
Manis kalintung sawuda-wuda wana.
Bayem raja tua tangisono
Titip lendung titip jangkung
Tumurun pangantén anyar
Cir kuciprak, kadeléh montok
Cir kuciprak, kadeléh montok.


Tutunjukan
nyaéta kawih anu dikawihkeun bari nunjukkeun curuk nu diriungkeun.Tutunjukan ieu dikawihkeun bari diuk ngariung, biasana maén ieu tutunjukan téh sok di téras imah bari ngadagoan hujan raat, atawa ngadagoan kadaharan anu keur dipasak ku indung salah saurang budak nu boga imah éta.Barudak nu ngalakukeun ieu kawih téh sakapeung mah sok bari maén teteguhan bari teu wéléh suka bungah, malah barudak nu cicingna di palemburan mah sok milih tibatan nonton TV mending kénéh ngawih bari maén ieu tutunjukan, béda jeung barudak nu cicingna di kota kaulinanana ogé geus canggih nyaéta maén game dina komputer atawa maén PS (Play Station), béda pisan katingalina antara budak nu cicingna di kota jeung budak nu cicingna di lembur, tapi teu saeutik jaman kiwari mah budak nu cicingna di lembur ogé sok aya nu maén game dina komputer, matak jarang barudak jaman ayeuna nu apal kana kawih kaulinan. Ieu di handap conto kawih kaulinan tutunjukan 

Kieu rakitanana:
Tutunjukan téténjékan,
Si Tétéh anteur ka cai,
Ah embung, sieun bugang dina muncang
Kokoplak sayang kadanca
Si paok katinggang picung,
Cungcurung ka Cipicung
Dél odél papatong dosol
Tinyohnyor

Kawih lianna :
Tutunjukan téténjékan, Si Tétéh anteur ka cai,
Sieun bugang dina muncang
Kokoplak sayang kadanca
Kadanca katindih picung,
Cungcurung kawin odéng
Odéng panjang buntut.


U
Ucang-Ucang Anggé
nyaéta kawih kaulinan anu biasana dilakukeun ku budak atawa kolot nu keur ngasuh budakna, bari ucang-ucangan diuk dina golodog nu aya kolongan, sukuna diayun-ayunkeun ka hareup jeung ka tukang ka lebah kolong handapeun pangdiukan sababaraha kali. Biasana bari ngasuh budak leutik boh adi boh dulur ku nu ngasuh budak leutik mah tonggong dampal sukuna sok didiukan ku budak asuhanana, bisana ngolo budak nu hayang jajan indungna teu boga duit, atawa ngolo budak nu keur ceurik diheureuyan ku batur sok seuri deui ari diucang-ucangan mah langsung bungah deui, kitu kolot baheula mah ari ngolo budak téh, béda jeung jaman ayeuna ngolo budak téh geus wé dibéré duit langsung cageur biasa deui, éléh ku duit mah atawa dibéré eskrim geus wé langsung jempé ceurikna téh. Barudak nu naék dahan awi ogé sok ucang-ucangan bari ngawih ucang-ucangan malah aya nu sok bari eundek-eundekan ngaheureuyan nu ngaliwat. 

Ngawihna kieu :
Ucang-ucang anggé
Mulung muncang ka papanggé
Diudag ku anjing gedé
Anjing gedé nu Ki Lebé
Ari gog, gog cungungung.


Ucing Sumput
nyaéta kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucingngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.
Kaulinan ieu :petak umpet) kawentar di mamana, hususna di Indonésia. Nu maen pangsautikna 2 budak tapi tangtu leuwih loba leuwih rame. Salah saurang budak kapeto jadi jaga ku cara hompimpah jeung atawa suten ( suit ).

Cara ulinna, 
Kabéh budak salian nu 'jaga' nyumput/nyamuni sabuni-bunina. Budak nu jaga boga pancen kudu nimukeun babaturanna ieu. Sacara umum, budak nu pangheulana kapanggih panyumputanna jadi jaga mun sakabéh budak geus kapanggih. Barudak nu geus kapanggih bisa mantuan néangan sesa baturna nu can kapanggih, bisa ogé henteu gumantung aturan maen nu disatujuan saméméh maen.

Aturan maen 
Nu séjénna biasana mah ngeunaan wewengkon nyaéta wates2 panjauhna hiji budak meunang nyumput/nyamuni téh diatur dina aturan maen téh nu disatujuan saméméh maen. Mun aturan ieu aya nu ngalanggar, budak nu ngalanggar otomatis ngagantikeun nu jaga, atawa jadi jaga di ronde saanggeusna mun manéhna kapanggih pangpandeurina.
VariasiÉdit
Aya ogé nu sarupa nyaéta ucing kaléng, ucing jibéh, jeung ucing bancakan.

Ucing-ucingan
nyaéta kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar